NINI - NINI RUMPI
Dina hiji waktu, dina riungan arisan para nini - nini ngarumpi saacana arisan dibuka kocokanana. Arisan anu di ayakeun di bumi ibu lurah, rame pinuh ku nini - nini. diantara riungan eta aya opatan nini - nini anu ngobrol na ngariung di juru. nini - nini anu opatan eta namina ni POPON, ni OMAH, ni IJEM sareng ni UWAR. bari nyapek raginang guhal - gahel ni POPON nyarita.
NI POPON " NI OMAH, ari putra gaduh sabara hiji ? "
NI OMAH " alhamdulillah, putra mah genep, tapi tos pupus hiji niju alit,janten kantun lima, ari putra NI POPON sabara hiji ? "
NI POPON " putra abdimah mung opat, tapi teu marisleuk, nu pang ageungna janten guru, anu kadua janten RW, anu katilu awewe janten BIDAN, tah nu bungsu janten HANSIP "
NI OMAH " ih meni sarae nya nasib nateh, pami putra abdi mah, anu cikal janten LURAH, nu kadua janten MANTRI KASEHATAN, nu katilu janten pamaen BOLA, nu ka opat janten DUKUN tah nu bungsu weh janten PENYANYI ". ngadangu kitu ni IJEM asa kapancing bari pok nyarita.
NI IJEM " eh ibu - ibu, abdi ge putra mah gaduh sapuluh, punten nya sanes sombong, putra ibu mah sadayana oge daramel teu aya nu nganggur, bari damelna raraos, yeuh pami hoyong terang anu cikal janten CAMAT, nu kadua janten PAGAWE NEGERI, nu katilu janten NAIB, nu kaopat janten PENGHULU, nu kalima janten PENGUSAHA, nu kagenep awewe janten GURU AGAMA, ari anu katujuh janten PETINJU, ari anu kadalapan eta awewe deui janten TKW, nu kasalapan jadi TUKANG PARKIR , taaah mun nu bungsu jadi tukang OJEG " NGADANGU KITU NI UWAR KALEM BAE. pas sadayana tos jarempling ni UWAR di taros ku ni IJEM.
NI IJEM " pami bu UWAR, sabara hiji putrana ? "
NI UWAR " ah putra ibu mah mung hiji, tapi hiji oge janten JENDRAL " ngadangu kitu, nini - nini anu sanes tarungkul, da rumaos sing putrana saleueur oge teu aya nu janten JENDRAL.
No comments:
Post a Comment