PANGANTEN ANYAR
Poe minggu tanggal 12 februari 2016 nyaeta poenan panganten jang KARIM jeung NYAI ENCUM, di kampung SADEWATA, poe harita hajatan gede, nanggap dangdut pull group MONATA jeung puluhan artis suexsina anu goyang heboh.
Loba pisan ondangan anu daratang kusabab poe harita cuaca begitu cerah, keur mah pada harayang ningggali goyangan artis dangdut katambah harayang bari parasmanan anu kumplit sajianna, ti mulai lauk teri tepika lauk paus aya dina hidanganna, ti mulai jeruk haseum tepika nagka amis aya pokonamah. nungarana panaganten jang KARIM jeung NYAI ENCUM banget hareudang, sok sanajan dikipasan ku pager ayuna anu ngajajar piligenti ngipasan dua mempelai.
Kadua mempelai bungah pisan poe harita dumeh jadi raja jeng ratu anu sapoe lillana. teupika ssore tamu undangan masih aleut - aleutan daratang kenen, kadua panganten geus cape elekesekeng hayang geura peuting, hayang geura enggeusan tina karamean. ninggang kapeuting, kadua panganten teu sadar bahwa panto kamarna teh dilaan samentara da ngahalangan meja parasmanan, maklum dikampung, sakuriling imah dihias, tangkal anu ngahalangan papayon di babad heula. ka panto - panto kamar panganten oge dilaan heula kusabab ngahalangan pikeun kaluar asup tukang tatarias. maklum keur hajat, teu aya anu engeh kana eta panto kamar panganten.
Pas beres hadiah salametan peuting sakitar jam sapuluhan, tim hajatan geus banget carape, ka asup dua pangantena, pas panganten rek mulai istirahat, jang KARIM geus teu kuat hayang geura meulah duren anu kacida bohay na. pas jang KARIM nitah nutupan panto kamarna ka nyai ENCUM, da puguh oge eta panto teuing disimpen dimana.
JANG KARIM " cing atuh nyi pantona tutupan akang era bari geus teu kuat "
NYAI ENCUM " walah siah akang pantona oge duka kamana, ? " samarukna panto kahalangan bae ku tirai panghias, anu kawar hordeng, tapi pas dibuka hordengna, da puguh ge panto namah euweuh.
JANG KARIM " hah, pantona teu aya ? na dikamanakeun atuh, sok tara ngarti , meureun kumaha, JABA AKANG MAH GEUS TEU KUAT, JABA ISIN JABA HAREUDANG JABA JANGAR, JABA HOYONG, AAAAH GAGAL MALAM PERTAMA TEH "
No comments:
Post a Comment