RAPAT REK HAJAT
Sakitar sabulananan deui pak OTONG rek ngayakeun hajatan ngawinkeun budak awewena neng ILIS. ditengeh- tengeh kulawarga ngayakeun rapat rencana hajatan.
NENG ILIS " pak kumaha nya engkin hajatan teh, bade ngondang sabaraha jalmi teras bade naon atuh kangggo hiburanna ? "
PAK OTONG " ah bapa mah miliuan we kumaha barudak " indung na nu ngarana CEU EMEH nimpal .
CEU EMEH " ah pa teu kudu rame - rame, asal nanggap dangdut we, nya atuh teu dangdut pul oge orgen - orgen tunggal atuuh "
PAK OTONG " nya teu nanaon nanggap dangdut oge, nu penting mah artis na anu harade, da bapa ge hayang meuruen sakali - kali mah naek kapanggung joged marengan artis "
CEU EMEH " naon ? rek joged jeung artis, MONTONG ari kitu mah ngerakeun jaba geus kolot, batan kitu mah kajeun nyewa grup PETERPEN , ameh UMI bisa nyanyi duet jeung ARIEL"
PAK OTONG " ah teu bisa kitumah, bapa bakal timuruan, geus kajeun teuing dangdut , bapa mah rek lalajo dihandap we, moal naek ka panggung "
NENG ILIS " ah jadi riweuh, can mah acan hajat na oge, geus we atuh meh man mah nanggap GOLEK atuh meh teu dijogedan "
PAK OTONG " teu nanaon nanggap GOLEK oge, GEUS golek DANGDUT kumaha mun kitu "
CEU EMEH " hegae satuju kitu oge, geus GOLEK jeng DANGDUT, TERUS PETERPEN pan jadi meriah "
NENG ILIS " ieuteh kumaha, GOLEK ongkoh, DANGDUT ONGKOH PETERPEN ONGKOH, emang rek saha nu mayar na ? PAK OTONG jeng CEU EMEH ngaharuleng.
No comments:
Post a Comment