HANJAKAL
Si EMEN nu pangangguran keur luntang - langtung di hiji lembur, ari keur ngalantung si EMEN panggih jeung wa ALI NU KEUR MEULAHAN SULUH. si EMEN langsug nanya ka wa ALI, bari terus nagog ngajakan ngobrol.
EMEN " wa, kumaha cageur ? "
WA ALI " alhamdulilah MEN, teu ngojeg nyah ? "
EMEN " ah hanteu wa, tisaprak motor na aya nu MADOG "
WA ALI " haaar, aya nu madog nyah, uwa mah karak apal, na iraha MEN ? "
EMEN " aya meureun sabulan mah, matak ayeuna uing jadi nganggur, geus heula atuh wa meulahan suluh na yeuh udud DJARUM COKELAT heula " WA ALI nyimpen kampakna anu geus mintul, langsung nyundut udud nu di asonkeun ku SI EMEN .
WA ALI " duh tegep nya udud DJARUM COKELAT teh komo mun jeng kopi KAPAL SEUNE HIDENG mah, leuwih tegep deui "
EMEN " lain wa, cenah bejana boga dulur awewe anu masih parawan "
WA ALI " aya si IPAH, geulis teh jiga AYU TING TING, na kumaha kitu MEN ? "
EMEN " lain daekeun moal kawin jeung EMEN ? "
WA ALI " atu teuing tong nanyakeun ka uwa, tanyakeun ku sorangan kituh "
EMEN " pang nanyakeun ku uwa, ceuk uing bogoh kituh, ke dibere DJARUM COKELAT, kumaha ? "
WA ALI " maneh geus hayang kawin lain ? "
EMEN " enya wa, ngan can boga biayayana "
WA ALI " BENER BURU GEURA KAWIN, UWA GE, HANJAKAL KAWIN TEH "
EMEN " haaar naha HANJAKAL kumaha wa ? "
WA ALI " ENYA HANJAKAL TEU TI BAHEULA, KAWIN TEH PEDO GEUNING "
EMEN " MATAK EMEN HOYONG OGE "
No comments:
Post a Comment