USUM MANUK
Geus sabulan leuwih, dikampung GEDURHAYU usum manuk, budak ngora jeung bapa- bapa nu obrolkeun teh ngan manuk jeung manuk we, teu beurang teu peuting ngomongkeun manuk. ninggang hiji beurang jang UCI ngadatangan hiji toko manuk, tukang toko manuk eta ngarana mang UDING.
JANG UCI " kang aya manuk kenari teu ? "
MANG UDING " loba kang, ngan anu lokal "
JANG UCI " ari manuk kenari parabna naon kang "
MANG UDING " gampang parab manuk kenari mah, siki - siki an "
JANG UCI " siki naon pan loba siki teh ? '
MANG UDING " enya siki naon bae, asal ulad dibere siki SALAK "
JANG UCI " ari manuk ANIS aya kang ? "
MANG UDING " aya , arek ANIS CACING AREK ANIS KEMBANG "
JANG UCI " mung ah, hayang ANIS MARSELA, hehe "
MANG UDING " eh si akang mah kalah heureuy, emang akang boga manuk naon di imah ? "
JANG UCI " ah manuk akang mah kur hiji, bari teu aya jangjangan "
MANG UDING " naha manuk naon eta, manuk dadali lain ? "
JANG UCI " lain, ah manuk biasa "
MANG UDING " manuk biasa kumaha ? ari parabna naon kang ? "
JANG UCI " enya manuk eta, ngan MANUK ABDI MAK RESEP NA KANA KACANG - KACANGAN "
bari kesel mang UDING NEMBAL.
MANG UDING " atuh ETAMAH LAIN MANUK BOLOHO, ETAMAH ORAY, DA AKANG GE BOGA , KARESEPNATEH KACANG BASEUH ".
No comments:
Post a Comment