OBROLAN BARUDAK SD
Di hiji kebon aya barudak SD OPATAN KEUR MARAEN BOLA, maen bolana duaan - duaan, bari gawangna ngan ukur ku batu gede anu ukuran satengah meter, maklum barudak raresep kana maen bola, maen bola dimana wae jadi. nu opatan eta ngarana WAWAN, DODON, OMON jeung MISTA. kusabab maraen bolana geus lila, kaopat barudak eta ngarasa cape, terus dariuk di sisi kebon anu pinuh ku tangkal tiwu, bari nyaraneut tiwu, barudak ngarobrol ngaler ngidul.
WAWAN " da kamari mah, sorangan nonton menbola dina tv, eta TEMBAKAN ROBERTO CARLOS, meni tarik, tepika jaring na oge milu bobol STEH, tembakan kidal na AJIB "
DODON " tapi eleh ku tembakan DAVID BECKAM mah, melengkung kawas cau galek, tikajauhan oge langsung asup STEH , ah pokonamah tembakana NYENI "
OMON " ngan eleh ku pamaen baheula mah, NGAN NGARANA TEU NYAHO "
WAWAN " na kumaha kitu hebat na ? "
OMON " eta we sakali nembak teh, tihang guul na langsung potong, kiper na oge langsung pingsan STEH, tembakanna tarik pisan "
MISTA " ah etamah biasa atuh, komo urang mah ninggali pamaen kulit hideung, ngan teuing saha ngarana, komo eta tembakanna leuwih gelo "
DODON " emang eta kumaha kitu MIS ? "
MISTA " jadi etamah, begitu nembak PINALTI, bola nateh kana beunget kiper, DA KIPERNA LANGSUNG BILATUNGAN ".
No comments:
Post a Comment