ANJING BOGOH KA DOMBA
Sore - sore aya ANJING keur jalan - jalan, pas ANJING ngaliwat ka tukangeun imah, ninggali DOMBA AWEWENA anu di cangcang ku tambang, bari teu loba dedengean ANJING langsung nyampeurkeun eta DOMBA, bari langsung ngaheureuyan.
ANJING " HAI DOM, kumaha kabarna ? "
DOMBA " sae kang ANJING, bade naon nyampeurkeun kadieu ? "
ANJING " atuh nganjang we, geus lila teu panggih, panan kuring bogoh ka anjeun , kumaha ari anjeun bogoh teu ka kuring ? "
DOMBA " idih alim ah kanu beda agama mah, bari kuring mah geus boga salaki da, budak oge geus reuay "
ANJING " hooor, aripenyateh masih keneh gadis, boro rek dilamar, eh dom hoyong daging teu ? "
DOMBA " ih urang mah teu beuki daging "
ANJING " tulang atuh, resep teu ? "
DOMBA " ari maneh sok tara mikir, daging geus teu beuki komo deui tulang, BOA EDAN "
ANJING " naon atuh nya, kumaha mun coklat SILVERQUEEN ? "
DOMBA " TAH MUN ETAMAH RADA RESEP, TAPI ANU CUNGKYBARR NA "
ANJING " akang ge resep da "
DOMBA " nya puguh da maneh mah sagala beuki, tong oge coklat, maneh mah KONENG BUDAK oge di dahar " keur asik ngobrol, torojol weh DOMBA JALU datang bari ngadehem tarik.
DOMBA JALU " ehemmm, EHEMMMM "
ANJING " eh akang DOMBA, atos timana kang, meni HAH HEH HOH ? "
DOMBA JALU " ah biasa we ngalantung JING, aya naon maneh kadieu tara tisasari ? "
ANJING " eta neangan budak, sugan ulin kadieu, aripekteh euweuh ning, ari akang gaduh putra sabara hiji ? "
DOMBA JALU " ah akang mah teu gaduh, mun bojo gaduheun, sabara hiji MAH budak teh ? " DOMBA BIKANG anu keur nyatuan jukut, ngajawab bari mesam - mesem .
DOMBA BIKANG " lima, akang budak teh, ngan da kabeh oge da jeung uwa na, ari nu pang gede namah, mun jiga jelema tea mah ayeunateh geus SMA, nu kadua SMP, nu katilu mah SD keneh jiganateh "
ANJING " ari anu di PAUD aya teu "
DOMBA JALU " euweuh nu di PAUD mah, dina yana oge di PADUD meureun "
ANJING " naon ari PADUD teh kang ? "
DOMBA JALU " eta PENDIDIKAN ANAK DOMBA USIA DINI "
ANJING " oooh, asa kakara ngadenge na oge, eta akang alus euy tanduk na, meunang ngajieun dimana kang ? "
DOMBA JALU " maneh mah KEPO, geus ti kudrat meureun steh "
ANJING " lain akang mah gagah euy jangkung badag, sok aya ning kang nu jiga akang ngan jangotan, da sok di gero nateh EMBE KACANG ning, etateh naha make di sebut EMBE KACANG ? "
DOMBA JALU " ooh, eta memang dulur keneh jeung akang, ngan matak disebut EMBE KACANG teh, karesepna kana KACANG "
ANJING " oh kitu kang, alus nya karesep nateh sarua jeung jelema "
DOMBA JALU " na kumaha kitu, jelema resepen kana KACANG teh ? "
ANJING " eh kang dangukeun, mun jelema lalakina teu resep KACANG, atuh jelema moal ngalobaan MEUREUUUN "
DOMBA JALU " eh heueuh nya, tapi jelema nu edan mah, KACANG NGALEBOK KACANG oge aya "
ANJING " uh kang jelema mah kumplit KACANG anu ngadahar JERUK oge aya atuh "
DOMBA JALU " geus ah ulah ngomongkeun jelema bisi kadengeeun "
ANJING " ah da moal nanaon, ngambek mah, bere we KACANG JEPUN, JEMPLING hee he ".
DOMBA JALU " urang ge resep KACANG PANJANG mah, mun maneh tara nya kana KACANG mah ? "
ANJING " nya osok ari aya mah, da kacang mah PEDO ELOM ".
No comments:
Post a Comment