Wednesday, January 18, 2017

CARITA SUNDA 20

NGAGURU KA MAMANG
    Geus sataun si UDIN teu boga kabogoh,arikitu nayakeun kamamang na nu ngarana mang LUKMAN. der weh maranehna ngobrol.
UDIN " mang ,urang hayang boga kabogoh euy geus bosen ngajomlo wae "
LUKMAN " na kumaha kitu ? MANEH can laku lain ? pan eta loba karyawan pabrik gsi STEH, AYA SABARAHA REBU "
UDIN " TEUING atuda arembungen ning mang, kumaha sih carana ti mulai kenalan tepika kawinan teh "
LUKMAN " atuh gampang steh, maenya maneh teu wauh jeung saurang- urang acan "
UDIN " aya sih anu wauh mah,di kontrakan haji UDEN oge, NGAN UDIN NA arera teu percaya diri "
LUKMAN " atuh kudu percaya diri, hayang kaawwe mah,terus jujur, pengertian, setia,terus tanggung jawab "

UDIN " oh kudu kitu nyah mang ? lain mang UDIN mah sok inget wae KA SI TITIN anu kost na DI HAJI KOSASIH ning, bogoh jiganamanh UDIN  teh "
LUK,MAN " terus geus kitu geus ditanya ku maneh ? "
UDIN " atos mang kamari pisan "
LUKMAN " kumaha nanya na ? "
UDIN " kie ,,,,, ATOS KA CAI CAN ? SAUR UDIN TEH "
LUKMAN " ari maneh nanyakeun naon maenya ngomong bogoh kitu,"
UDIN " pan UDIN na era mang, ngan sok inget wae unggal peuting teh, mun inget wae kitu kumaha mang tah menurut pengalaman mamang ? "
LUKMAN " maksudna kumaha ieuteh mamang mah teu ngarti ? "
UDIN " ih ari mamang sok bodo,kie mang, mun ti kajauhan UDIN teh sok inget wae ka si TITIN, mun ti kadeukeutan kumaha mang ? "
LUKMAN " oh kitu,ah sing sok inget wae ge tikajauhan ,arigeus deukeut mah hanteu ? "
UDIN " hanteu kumaha mang ? "
LUKMAN " nya MUN TIKADEUKUEUTAN MAH HANTE BISA CICING MALAH SI UJANG NA "
UDIN " ooooooh,,,,,jadi hoyong caket sareng TITIN, nuhun mang".

CARITA SUNDA 19

PEMUDA ZAMAN 80 an
     Sekitar taun 80 an lah, aya opat pamuda anu ceesan pisan,kamamana sok opatan bae,ulin kaditu kadieu opatan bae,maranehna tara  papisah pangulinan, mun aya acara ngaliwet,opatan . kusabab rada baraong kadang aya acara noong awewe nu mandi,eta ge opatan. kusabab geus lalayeut pisan maranehna geus teu aya kakagok mun heureuy atawa ngobrol. eta pamuda nu opat teh ngarana NANANG, KOMAR, ADIN jeung ENGKOS.
     Da zaman haritamah,masih keneh kurang hiburan masarakat teh, paling oge hiburan teh,mun aya nu hajat naggap calung,nanggap wayang golek atawa layar tanceb anu MISBAR tea, asal gerimis langsung bubar. TEU siga ayeuna pan hiburan teh boga dina tiap leungeun masing, nyaeta HP tea, rek lalajo naon oge aya. Tah hiji peuting eta pamuda anu opatan tea narongton layar tanceb, ari layar tanceb eta  enggeusan nateh sekitar jam 12 an, bari bubar baralik biasa ngobrolkeun deui film anu di lalajoana tea, FILM nateh film bung yamin jeung film oma.
NANANG " film na rame nya, OMA mah jago gelut kos BRUSLEE "
KOMAR " ngan OMA mah mun kateuggeul teh sok ngomong aASTAGFIRLOHALADZIM cnah "
ADIN " OMA mah nyanyi na ge genahan steh,,meni karasa teh gendang nateh, kana hate nateh meni TE cnah "
ENGKOS " lain euy rek sare dimana nya,soalna imah urang mah sok di konci "
NANANG " atuh gedoran we "
ENGKOS " embung ah,aink kuriak dicarekan ku bapa, meureun cenah ngaladog we, GEUS WE lah urang sare di masjid atuh ?"
KOMAR " embung ah ,sieun STEH jaba tiris, kumaha mun di imah ente DIN "
ADIN " hayu lah di imah urang we,bae kamarna leutik oge,urang pasered - sered we "
     Ahir na kabeh sepakat sare di imah si ADIN anu tina bilik tea geningan, terus handap nateh ku talupuh tina awi gombong ".opat pamuda eta geus araya dikamarna si ADIN NU ngan ukur make samak .
ADIN " yuah urang sare, meh teu kabeurangan isukan pan rek mengbal lain ? "
NANANG " urang mah lampuna hayang di hurungkeun ah, sok ku eureup -ereup ari poek teh "
KOMAR " ah urang mah hayang di poekan,sok tara bisa sare ari caang teh, SERAB GITU LOH "
ENGKOS " enya urang geu resep di poekan, AING mah JEUN TEUING RIBUT MUN CAANG MAH "
ADIN " enya lah geus gandeng, pareman we atuh lampuna, ngan urang mah sarena mung deukeut si ENGKOS sok motah sarena "
Ahirna eta pamuda opatan tea ngagaloler ngajajar bari sepakat lampuna di pareuman,atuh meni poek mongkleng teu katinggali curuk - curu acan " KAKAREK GE lima menit, PELENGSENG BAU HITUT.
ENGKOS " AJING,,,,,bau hitut, sia hitut lain KOMAR ? aduh jaba bau SETAN "
KOMAR " sing sumpah daek keked aing mah, sugan MANEH NANG ? MENI ngulikbek kieu bau NARAKA "
NANANG " sing bisul dekah mun hitut, dina hitut nage dekah tara bau kieu, ieumah bau CUBLUK SPITENG, anjrit bau na teu leungit deui, IEUMAH nembak deui, BAGOY "
ENGKOS " PILOHALADIIIIIIIM, naon teh boa edan, SUGAN mane DIN, soalna bauna ti dinya "
ADIN " aduh hampura balad - balad, keur ASUP ANGIN euy "
ENGKOS " ARI KITU KALUAR ANGIN,,,,,LAIN ASUP ANGIN, maneh ngadahar naon sih, bauna meni bau tujuh rupa kieu "
ADIN " BAU NYAH, urang mah asa biasa da "
NANANG " biasa BEUNGET, geus ah gandeng,rek iraha sarena ieuteh "
       Kakarek ge rep tina obrolan, si KOMAR ararateul meurenan da tadi sorena  teu mandi.
ENKOS " euh dekah euy, CING atulah rek sare  mah ULAH NGAGITAR,ari mane kunaon sih ? "
KOMAR " arateul STEH, mane mah teu ngarasakeun, tuuuuh loba reungit steh "
ENGKOS " rek molor teh hararese "
NANANG " ih eta reungit sing poek oge, KADEULEU WE kana nyoco teh, mun badag kuaing tumpakan da "
ADIN " rek hitut deui nya ? "
ENGKOS " ulah DIN urang mah taluk euy "
KOMAR " wayahna tahan,dewek bakal mabok ngambeuna "
NANANG " mun maneh hitut deui aing kajeun balik,TEU KUAT " tapi najan kitu parea - rea omong ahirna hiji - hiji PULES, NAGRIMPI.

carita sunda 18

SUKA DUKA KARYAWAN PABRIK
     Buru  atuh lumpat ,bisi kabeurangan pan, manehmah kalakah cicing MED, bari lumpat si ONI ngajak baturna si SOMED,ku sabab isuk - isuk deus hujan, bari ngiuhan si SOMED ngagibrig gibrigkeun jaketna anu rada baseuh kahujanan,
SOMED " jung we maneh tiheula,urang mah rek ngiuhan heula brow " pas SOMED keur nangtung, datang babaturana si NANDANG bari nutupan sirahna ku jaket kulit, da isuk harita teh hujan gede pisan, bari langsung nanya ka si SOMED.
NANDANG " MED, maneh ning didieu keneh,geus cekroll can "
SOMED " acan DANG, baelah da hujan keneh,bieu ge si ONI ngajak lumpat,boa edan hujan sakieu badagna "
NANDANG " atuh heueuh, maenya rek gawe kukucrut,duh usum hujan keumah genah nateh sare keneh MED, ana mah ti CIANJUR keneh kahujanan "
SOMED " sarua ana ge,ko ieuh baraseuh,dina motor teh aonkoh make mantel, angger we ari hujanana gede pisan mah JIBRUG "
NANDANG " heueuh ari teu indit butuh brow, teu asup tea geus jelas ngurangan gajih brow, kahujanan teh mun rek balik onaman bae,da geus tepi ka imah mah bisa ganti kunu garing, ari rek indit gawe, ngahodhod nyah "
SOMED " enya kitu brow,tapi nu leuwih karunya mah awewe tuh tinggali, rek garawe teh, kukucrut bari kadang - kadang teu saeutik nu ungkut angkat nu bareurat, karunya NYA "
NANDANG " matak jikan ane mah hayang gawe oge ulah ku sorangan mah, karunya bari mun gawe rek saha nu ngurus budak deuih "
SOMED " ah da sorangan ge gawe jeung pamajikan,angger we steh hutang mah loba "
NANDANG " enya nyah kitu ? emang jikan ente gawe dimana ? "
SOMED " di PRATAMA jikan MAH, Jadi nu sabebner namah biaya hirup jadi tinggi ari duanana gawe mah, pan pengeluaran indit gawe unggal poe nu gede mah, pan ari gawe mah jadi loba kabutuhan teh "
NANDANG " emang kabutuhan naon hungkul ? "
SOMED " enya kan, kabawakeun ku baturna, babaturana nganjuk HP, hayang, BABTURANA nganjuk baju HAYANG, babaturana nganjuk KULKAS hayang, JADI TUNGTUNG NAMAH GAJIH TEH BEAK KU MAYAR HUTANG "
NANDANG " enya nya kitu kang sami abdi lah, da kitu MEUREUN SUKA DUKA GAWE DI PABRIK MAH, yu ah geus root, BRANGKAT. "  

carita sunda 17

REZEKI
      Dina hiji sore kang JONO rek balik ka SUKARAJA, kang jono naek angkot GEKBRONG - SUKARAJA, maklum can aya penumpang anu lain kang JONO diuk di juru, ari pas hareupeun pabrik GSI, angkot eureun da loba penumpang awewe anu rek naraek nyaeta karyawan pabrik. Bari sili sered paheula - heula naek kana angkot, kabeneran anu diuk di juru teh neng IJEM anu make androk span pondok pisan,TEPIKA KATINGGALI bodas pisan ping-pingna.
Jadi jelas diukna pahareup - hareup jeng kang JONO, kusabab androk neng IJEM jadi rada molongo, neng IJEM narik- narik eta androk span anu pondok,bari di pautan ka handap,samarukna rek manjangan meureun, matak di tarik oge era meureun ku kang JONO.
Ari teu kungsi lila kang JONO ngareret kana pingping neng IJEM bari dina hate kang JONO nyarita.
kang JONO " walah siah edan,GEBLES, rezeki nomplok, " TAPI najan hatena ngomong kitu da era ku batur nu lain di sagigireuna mun molotot terus kana pingping, ahirna kang JONO peureum.
      Kakarek oge dua menit, kang JONO geus teu kuat peureum wae da cangkeul, bari pok hatena nyarita .
kang JONO " walah jadol teh nyiksa lah, ari beunta sien pajarkeun ninggalikeun pingping,ari peureum da cangkeul,TAPI BAELAH DA IEUMAH REZEKI MEUREUN DA TEU NGAHAJA,ANU AHIRNA KANG JONO, NINGGALIKEUN PINGPING NENG IJEM PEUREUM BEUNTA saking ku kabita.