Wednesday, January 18, 2017

carita sunda 18

SUKA DUKA KARYAWAN PABRIK
     Buru  atuh lumpat ,bisi kabeurangan pan, manehmah kalakah cicing MED, bari lumpat si ONI ngajak baturna si SOMED,ku sabab isuk - isuk deus hujan, bari ngiuhan si SOMED ngagibrig gibrigkeun jaketna anu rada baseuh kahujanan,
SOMED " jung we maneh tiheula,urang mah rek ngiuhan heula brow " pas SOMED keur nangtung, datang babaturana si NANDANG bari nutupan sirahna ku jaket kulit, da isuk harita teh hujan gede pisan, bari langsung nanya ka si SOMED.
NANDANG " MED, maneh ning didieu keneh,geus cekroll can "
SOMED " acan DANG, baelah da hujan keneh,bieu ge si ONI ngajak lumpat,boa edan hujan sakieu badagna "
NANDANG " atuh heueuh, maenya rek gawe kukucrut,duh usum hujan keumah genah nateh sare keneh MED, ana mah ti CIANJUR keneh kahujanan "
SOMED " sarua ana ge,ko ieuh baraseuh,dina motor teh aonkoh make mantel, angger we ari hujanana gede pisan mah JIBRUG "
NANDANG " heueuh ari teu indit butuh brow, teu asup tea geus jelas ngurangan gajih brow, kahujanan teh mun rek balik onaman bae,da geus tepi ka imah mah bisa ganti kunu garing, ari rek indit gawe, ngahodhod nyah "
SOMED " enya kitu brow,tapi nu leuwih karunya mah awewe tuh tinggali, rek garawe teh, kukucrut bari kadang - kadang teu saeutik nu ungkut angkat nu bareurat, karunya NYA "
NANDANG " matak jikan ane mah hayang gawe oge ulah ku sorangan mah, karunya bari mun gawe rek saha nu ngurus budak deuih "
SOMED " ah da sorangan ge gawe jeung pamajikan,angger we steh hutang mah loba "
NANDANG " enya nyah kitu ? emang jikan ente gawe dimana ? "
SOMED " di PRATAMA jikan MAH, Jadi nu sabebner namah biaya hirup jadi tinggi ari duanana gawe mah, pan pengeluaran indit gawe unggal poe nu gede mah, pan ari gawe mah jadi loba kabutuhan teh "
NANDANG " emang kabutuhan naon hungkul ? "
SOMED " enya kan, kabawakeun ku baturna, babaturana nganjuk HP, hayang, BABTURANA nganjuk baju HAYANG, babaturana nganjuk KULKAS hayang, JADI TUNGTUNG NAMAH GAJIH TEH BEAK KU MAYAR HUTANG "
NANDANG " enya nya kitu kang sami abdi lah, da kitu MEUREUN SUKA DUKA GAWE DI PABRIK MAH, yu ah geus root, BRANGKAT. "  

No comments:

Post a Comment