ERA POK
Poe minggu mang JUNED ngagerung da keur kabeneran bener - bener boke, ulah boroning keur meuli udud jinggo , keur meuli beas oge ari keur euweuh mah teu aya, da maklum hirup dikampung gawe ngan ukur gawe serabutan, kadang aya jukut dicabut, kadang - kadang tangkal awi di cabut, atawa naon wae dicabut da ngarana oge serabutan.
Teupika beurang kang JUNED can meunang bongbolongan neangan duit, sedengkeun keur butuh - butuh na, nepika jorojoy najero hate hayang nginjeum ka dulur na, tapi era da sabenernamah mang JUNED teu biasa nginjeum. Mang JUNED maksakeun nitah kabudakna nu ngarana si UDIN KASEP.
MANG JUNED " DIN, cinglah wayahna ka mang MAMIN pang nginjeumkeun duit 200 rebu mah, ari ku bapa era da bapa mah teu biasa "
UDIN KASEP " naon pa nginjeum duit ? ka mang MAMIN ? emang gaduheun kitu ? UDIN mah sanes alim tapi isin pak "
MANG JUNED " iiih susuganan, bae teu kudu era, bejakeun ceuk bapa kituh "
UDIN KASEP " iiiiiih puguh UDIN mah bakal ERA POK, kumaha mun kie, nu nambutna bapa saur keun nambutna saur UDIN kituh pak "
MANG JUNED " ASTAGFIRULLLOHALADZIIIIM, SIA MAH KAWALAT KITU TEH, DI TITAH KALAH NITAH DEUI "
UDIN KASEP " ARI ERA "
No comments:
Post a Comment