IBU -IBU RUMPI
Hiji waktu aya ibu- ibu keur ngariung di warung bari balanja, aya opatan ibu- ibu anu balanja diantarana ibu EHA,ibu UHI,ibu LELA, sareng ibu IHO. sabaari ngadagoan balanjaanna kelar ibu - ibu nu opatan eta ngarobrol.
IBU EHA" abdimah gaduh motor sapuluh,ah diojegkeun we sadayana,idih hatur lumajeng hasilna teh ".
IBU UHI " sae atuh,pami ibu mah gaduh bemo dua puluh,sadayana jaralan, nya lumayan we kanggo jajan m,uraang kalih mah ".
IBU LELA " ih meni seueur nya bemo na, ari ibu mah hanteu sih ari seueur mah mung gaduh tilu puluh angkot teh, nya ari kanggo jajan murangkalih mah osokaya wae ".
IBU IHO " IH MENI SEUEUR NYA ANGKOTNA,ARI IBU MAH TEU GADUH SIH ANGKOT MAH , IBU MAH MUNG GADUH HIJI MOBIL TEH, SEDAN BMW,,,,,,,,TAPI HIJI OGE TETEP BMW, SANES ANGKOT, hayu ah marangga itu BMW tos ngantosan " ibu-ibu teh bubar weh.
No comments:
Post a Comment