MONYET PASEA JEUNG ANJING
Hiji waktu aya monyet keur gugulantungan dina tangkal manggah, bari nyaneut manggah monyet diuk santai ucangangge dina dahan, teu kungsi lila dina handapeun tangkal ngaliwat anjing, pas anjing keur leumpang kalem, ari pek aya manggah katiup angin murag kana tonggongna, bari reuwas ongkoh amek ongkoh, anjing melengking bari langsung ngalieuk kaluhur, pas ngalieuk kaluhur anjing ninggali monyet anu keur santai bari tiis.
Anjing bari teu loba dedengean langsung ngadat.
ANJING " aduh jadoool, sia wawanianan monyet mah nimpug ku manggah " monyet anu keur santai reuwas ujug - ujug di carekan ku anjing ti handap, bari ngorejat monyet ngajawab.
MONYET " naon jing, ari maneh datang - datang bet ngadat, boa edan "
ANJING " sia monyet nimpug ku manggah, aing mah moal neangan jurig nu teu kadeuleu, tuh deuleu tonggong aing ngajenol, mun wani sok kadieu turun "
MONYET " itu si anjing, nuding ka aing, sumpah daek keked aing mah mun nimpug maneh, mun aing niat nimpug maneh mah, moal ku hiji manggah, timpug ku aing ku saratus manggah "
ANJING " jadi saha atuh anu nimpug aing ? maenya jurig mah ? tetep aing can percaya, ngan hanjakalna euweuh saksi euy, jadi tetep aing samentara masih nuding kamaneh soalna euweuh sasaha deui "
MONYET " eta si anjing ku keukeuh nuding ka aing, aing mah teu rido dunya aherat ari di tuding kieu mah, kajeun teuing diriungkeun aing mah "
ANJING " aaah, teu bisa. aing amek, siamah pinter ngeles dasar goreng patut "
MONYET " benguet sia teu rata tah, kalah hayoh we manyun, sia teh udud leuheung manyun oge "
ANJING " naon sia deuih kalah ngahina, ari sia kasep ? mun ngaca ? babaturan sia ge pemaen DOGER MONYET, lamun dina jelema mah artis na meureun etateh, dipakean kaos MESSY, NOMER 12 anger we goreng patut "
MONYET " ari eta babaturan cungur sia, ANJING BALAP, barukanan lamun dina jelema mah eta teh VALLENTINO ROSSY bakunamah, anger we kos anjing goreng patut najan di bajuan oge "
ANJING " gandenglah monyet, ulah loba ngabangus hungkul, sia ngajak ribut lain ? "
MONYET " SORRY , nanti lanan aing kudu ribut jeung sia, aya nu muruhan moal, kagok aing mah jeung sia mah lain kelas "
ANJING " sia nganggap enteng lain ka aing, bagong teh, buru turun, pan aing teu bisa naek "
MONYET " tong oge sia, HOLLYPIELD paling kur 2 ronde "
ANJING " sia bisa ngelehkeun HOLLYPIELD lain ? "
MONYET " eeeeh, aing nu bakal mabok, sok tara molo , sia teh bodo ning anying "
ANJING " ari sia makin di antep teh asa makin calutak, make nyebut bodo, geus puguh heueuh da aing mah teu pernah sakola, sia mun di handap geus di kerekeb da ku aing, geregeteun da aing mah "
MONYET " nyaeta dekah pinter, matak wani ngabacot oge, da sia pan teu belul naek, huuuuh dasar anying BOLOHO, POKEMON AJA , tah tongengan ku aing "
ANJING " duh duh kaliwat amek aing jadi resep ningggali kalakuan sia, make nonggengan sagala rupa, maruk aing rek kabita kitu ku bujur sia, meuni geuleuh aing mah neleh na oge, heg sia teh maksakeun meuli calana hiji mah, calana - calana CIMOL atuh "
MONYET " tadi ceuk sia , anger di bajuan ge tetep goreng, ayeuna nitah meuli calana, nyasat aing gableg duit ti mana anying, pan nyaho meureun dekah nganggur "
ANJING " heueuhlah kumaha sia we, meunan sia, aing eleh "
MONYET " taaah langkung sae keneh kitu, sadar nya ayeunamah, matak ge upami nyarios ulah sok sareng emosi, bari masalahna teu acan puguh ,pami hoyong terang mah manggah teh murag kana tonggong anjeun etateh ku angin, da abdi mah teu rumaos, manggga bade nyalahkeun angin mah "
ANJING " oh enya nya, ayeunamah abdi nembe kahartos, punten atunya kang abdi tos nuding ka akang "
MONYET " muhun sawangsulna kang, abdi geu lepat, da panginten abdi ge gaduh rasa perikesatoanan "
ANJING " muhun sae atuh, ayeunamah urang sili hampura, sili asah sili asih sili asuh, da aku mah apa atuh ? "
MONYET " UUUH SAE PISAN KANG, KU ABDI DI DOAKEUN UPAMI USUM PERANG, AKANG SING TONG KATEMBAK ".
No comments:
Post a Comment