HANJAKAL
Ari urang SUNDA kalah kumaha oge teu pernah rugi, masalah nanaon oge UNTUNG terus, sanajan labuh BENJOL, untung we teu MAOT cnah kitu GAY. ngan urang SUNDA kadang - kadang sok lobva HANJAKAL NA. Hal eta kadangu tina obrolan OJAN jeung ADUL anu marasih keneh pemuda .
OJAN " DUL, arimaneh geus boga kabogoh can ? "
ADUL " encan JAN euy, da ayeunama barieukeun ningan awewena loba pisan, tapi urang hayang euy ka budak pabrik anu kost di pa rt, ngarana si RINA "
OJAN " URANG ge tadinamah hayang ka si RIKA, geulis - geulis namah ngan HANJAKAL NA huntuna NGOHNGOR '
ADUL " SI AYU oge pernah nyalamkeun ka urang, GEULIS - GEULIS namah, ngan HANJAKAL PENDEK jiga COMRO "
OJAN " aya si ROMLAH budak haji SUKUR, awak lenjang, beunget GEULIS, jaba masantren, ngan HANJAKAL NA BAU AWAK "
ADUL " terus tah budak pa AJID , si YUNA, kulit bodas, body BAHENOL, PINTER, jaba beunghar, ngan HANJAKAL NA KORET NA SADUNYA, bakat ku koret - koret na ,entong oge koret ka batur, kasorangan ge koret, da batan meuli PEPSODEN kajeun teuing KONENG huntu na ngagurilap jiga emass "
OJAN " ha,ha,,,,,hhaha, maenya STEH, DUL "
ADUL " sumpah dae KEKED aing mah, nu tadina URANG bogoh, jadi gile "
OJAN " aya si MINAH, GEULIS, buuk ngarumbay, awak lenjang jiga tihang listrik, kulit sawo asak, gado endog sapotong, jaba pinter deuih rengking ka hiji wae, ngan HANJAKAL NA BEUKI HITUT DIMANA WAE, pan jadi gila ari kitu mah "
ADUL " HEUEUH NYA URANG SUNDA MAH EUWEUH MENDING NA ".
No comments:
Post a Comment