ZAMAN FIRAUN LELENGOHAN
Geus dua taun FIRAUN jadi raja, tapi manehna masih keneh jomlo, kusabab raja, FIRAUN boga loba pisan pembantu, tapi aya opat pembantu FIRAUN anu di pikaresep ku FIRAUN . Kaopat pamuda eta ngarana si CEPOT,SI UDEL,SI UHE jeung SI EBOY.
Dina hiji waktu, FIRAUN marentah ka pengawalna piken rapat jeung pembantu nu opatan eta. teu kungsi lila rapat na di mulai di ruangan husus RAJA.
FIRAUN " poe ayeuna dewek ngahaja manggil maraneh, pikeun rapat, masalah na kieu, dewek geus dua taun jadi raja tapi dewek masih keneh JOMLO , Dewek teh lain nanaon, ari kawin jeung urang salembur sok sieun goreng di tungtung, bari kararagok ku mitoha, ari ayeuna dewek era ku tatangga jeung era ku babaturan, nya INTI NAMAH TEU KUAT HAYANG KAWIN "
CEPOT " punten GAN, jadi maksad AGAN ayeuna bade kumaha ? "
FIRAUN " maksud dewek kieu POT, matak maraneh kabeh dikumpulkeun oge, susuganan diantara maraneh boga babaturan CEWEK , pikeun dijadikeun PAMAJIKAN dewek "
CEPOT " oh kitu GAN, aya GAN kapungkur teh rerencangan SMA, uh GAN BODYNA BAHENOL NERKOM, EPLOK CENDOL BAHE, KOS AGER NING MUN LEUMPANG TEH, POKONAMAH MOAL GAGAL GAN "
FIRAUN " maneh mah ari PROMOSI TEH ULAH SOK LEBAY, cing awewena kira - kira jiga saha tah ? "
CEPOT " mun dina artis mah jiga TAMARA BLESZENKY GAN "
FIRAUN " pokonamah poe minggu bawa kadieu "
CEPOT " siap GAN, tapi mu tiasa mah nyuhunkeun kanggo gutukana,da awewe ayeunamah kudu di gutuk wae ? "
FIRAUN " sajuta mahi moal ? "
CEPOT " cekap GAN "
FIRAUN " cing maneh UDEL sugan boga bahan "
UDEL " aya GAN, KAPUNGKUR TEH rerencangan kuliah, GEULISNA KAWANTI - WANTI GAN, JIGA NABILA SYAKIB GAN"
FIRAUN " nu baleg DEL ngomong teh ? enya lah pokonamah sarua bawa heula , terus kumaha maneh UHE sugan boga babaturan atawa dulur "
UHE " aya GAN,tatangga uraang CIJERAH, etamah jiga saha ning, mun dina artis mah ESTEMAT - ESTEMAT kitu "
FIRAUN " enya lah bawa pokonamah kabeh URANG BAWA KAROKEAN KA INUL NU DI SUKABUMI, ari maneh EBOY , KUMAHA BOGA BAHAN TEU ? "
EBOY " aya GAN, AJIB POKONAMAH JIGA MARISA HAQUE, mun di tingggali ti gigir mah "
FIRAUN " tah eta nu jiga MARISA HAQUE RADA NGARUY TAH, BAWA NYA , tah ayeuna ku dewek dibere sajuta sewang, kade poe MINGGU kudu geus siap, dewek kajeun teuing moal kamamana. "
Ninggang poe MINGGU, si CEPOT,SI UDEL SI UHE , geus marawa cewek masing - masing bawaan nana, bari dipisahkeun ruangan nana. terus SI CEPOT SI UDEL SI UHE IRAUNlaporan ka pengawal, bahwa cewek na tos araya.saatos kitu maranehna di panggil ku FIRAUN.ahar
FIRAUN " kumaha POT, geus siap can CEWEK teh ? "
CEPOT " atos GAN, KANTUN DIPINTONAN DI RUANG KAROKE , sadayana ge tos siap"
FIRAUN langsung ningggali CEWEK bawaan SI CEPOT , ari pas FIRAUN ninggali CEWEKNA.
FIRAUN " astagfirlohhhaladzim, geuning GORENG PATUT, IRUNG JIGA TOMAT ASAK DA DI SUNTIK MAKE SILIKON JIGANATEH ". FIRAUN ngarasa kecewa, langsung nyampeurkeun si CEPOT di dapur anu keur ngopi "
FIRAUN " CEPOT, ari maneh ku teu MOLO, eta awewe kitu, ditawarkeun ka raja, ari maneh teu boga PANON ? "
CEPOT " emang kumaha kitu GAN ? "
FIRAUN " pajarkeun teh, BODY BAHENOL NERKOM, SAKITU JIGA COMRO KITU, POKONAMAH DEWEK TEU HAYANG NYAHO, DAANG SIAH KU MANEH, MUN HANTEU, KU DEWEK DI PECAT "u
CEPOT " muhun GAN, wios ku abdi di mamam, wios sebel oge, paling ge abdi utah uger ".
geus kitu FIRAUN langsung ninggali CEWEK BAWAAN SI UDEL . tapi pas begitu di tinggali "
FIRAUN " walaaaah, ieu leuwih parah batan nu tadi " FIRAUN kecewa langsung nymperkeun si UDEL nu keur ngadahar LIWET.
FIRAUN " UDEL, ari maneh sok tara gableg fikiran , eta IRAUN "kitu disebut GEULIS , GEULIS palebah mana na STEH "
UDEL " emang kumaha GAN "
FIRAUN " lain kumaha - kumaha, siamah awewe jiga PARANGGONG WALUH kitu, buburu bawa balik siah dewek sebel ". FIRAUN langsung ningggalian cewek bawaan si UHE, ari pas ninggali, FIRAUN leuwih kecewa.
No comments:
Post a Comment