TUKANG DAGANG SAPATU
Geus dua tahun kang UUS, dagang SAPATU, tapi karek ayeuna kang UUS meunang pembeli anu rada gelo, teuing gelo satengah edan teuing gelo pisan, eta pembeli teh ngarana mang OCIM.
UUS " sapatu,,,,sapatu murah meriah, buatan JERMAN,, HAYOH SAPATUA YEUH IBU- IBU,BAPA - BAPA,DI OBRAL,,,,, MURAH PISAN "
OCIM " mang cing ningggali SAPATU nu eta, tah anu warna hejo " kang UUS nydorkeun bari nawarkeun "
UUS " tah mang, eta buatan JEPANG, "
OCIM " maenya sapatu buatan JEPANG MEREKNA UDIN, nu bener ieuteh, emang sabaraha hargana ? "
UUS " murah kang, kur 500 rebu "
OCIM " buset MURAH, aya nu leuwih mahal teu mang ? "
UUS " aya , anu sajuta buatan AFRIKA "
OCIM " coba ningggali nu kumaha buatan AFRIKA TEH "
UUS " tah ieu, tahan banting mang, dijamin puas lah pokonamah "
OCIM " walah ning warna HIDEUNG, aya anu warna BULUHIRIS teu, cing lah dua pasang mah, sakaligus jeung keur pamajikan "
UUS " atuh matak HIDEUNG oge di sasuaikeun, anu warna BULUHIRISMAH EUWEUH atuh mang, ieumah sok aya - aya wae "
OCIM " euweuh nyah, ari anu warna BEUREUM BEUNGEUT aya teu, urang resep pisan tah kana warna eta "
UUS " warna BEUREUM BEUNGEUT teh nukumaha sih, si akang rupa - rupa pisan "
OCIM " maenya teu nyaho, ih tukang sapatu teh boloho,bolokocomon, BLO ON. eta geuning mun jelema ERA sok beureum beungeut NATEH, tah kitu "
UUS " oh nu kitu, tapi emang sarua kitu mun nu era na URANG CHINA jeung urang KAMERUN, sabodo ah RIEUR AING MAH, ieu teh rek meuli numana atuh nu puguh na ? "
OCIM " AH MOAL MEULI URANG MAH NINGGGALIAN HUNGKUL MANG "
UUS " SI BELEGUG, HANAS KU AING DI BUDALKEUN SAPATU KABEH "
:P
ReplyDelete