PARAWAN TAPI KALAKUAN JIGA PREMAN
Kelas 3 SMU sabenerna geus dewasa, mun awewena geus dewasa mah, tapi da kadewasaan mah lain diukur ku umur, jiga si WATI kantun cnah geus kelas 3 SMU, memang masih parawan ngan kalakuan siga PREMAN. hiji waktu, si WATI isuk - isuk sare keneh da alesana sakola libur da poe MINGGU. INDUNG SI WATI NUNGARANA CEU ONIH NGARASA JENGKEL.
CEU ONIH " WATI,,,cing geura hudang atuh panan ieuteh geus beurang bete " bari nguliat WATI ngajawab .
WATI " ah ema rek naon hudang oge da ayeunamah sakolana oge libur panan poe minggu "
CEU ONIH " manehmah mun libur sakola jadi libur oge salat shubuh kitu ? "
WATI " enya meureun ma, "
CEU ONIH " da manehmah bisa ari nembal teh, kantun we parawan ari kalakuan siga PREMAN, buru hudang, diajar sasapu naon, ngepel atuh, bantuan masak atuh ema teh, lain ngagoplek wae, da eta manehmah ari peuting lain buburu sare, ieumah ngan hantem we FACEBOOKAN, "
WATI " ah ema mah teu gaul, coba mun ema sok FACEBOOKAN resep teh mah, UPDATE STATUS teh "
CEU ONIH " hegae mun kitu wae, ema moal masak, maneh mah dahar na jeung FACEBOOK we, WILUJENG MENIKMATI, DAHAR DEUNGEUNA JEUNG FACEBOOK, LALABNA TWITER, LAUKNA INSTAGRAM, SANGUNA WASHAPP, "
No comments:
Post a Comment