PAHILI CALANA
Hiji waktu si ASEP nu gendut mandi bareng jeung si AWAN di wc umum, ari pakeana digantungkeun di luar di tempat gantungan anu sarua, ari beres mandi si AWAN anu begang langsung nyokot calana anu ngagantung terus langsung dipake.
teu kungsi lila si ASEP oge kaluar ti kamar ,mandi tapi teu engeh mun calana pahili jeung nu si AWAN.
AWAN " calana teh asa GOMLANG kie dekah, "
ASEP " ieu kunaon calana jadi MERECET kie, bari aratel aing mah , WAN calana teh pahili meuereun STEH,ARI MANEH KU TEU BOGA RARASAAN"
AWAN " puguh urang ge aneh, kunaon calana asa gomlang, bari dipakenage ARATEUL, laan tah nu urang "
ASEP " eta buru laan nu urang heula, calana maneh mah jaba bau setan, emang geus sabaraha bulan sih teu di seuseuh "
AWAN " puguh ieu calana maneh bau AJAG, AING AMPI UTAH NGAMBEU NAGE "
Teu kungsi lila dua nana langsung maruka calana terus buburu di tukeurkeun, maklum di kampung AYA - AYA wae, da geus teu aneh ari pahili SENDAL BALIK TI masjid mah, tapi baelah pahili nu kitu mah,asal ulah pahili PAMAJIKAN WE, kwek,,,wek,,,wek.
No comments:
Post a Comment