CERPEN DESO
Dina hiji waktos,
ONAH sareng ONIH
nuju ngabaso di
bakso TENIS SUKABUMI, maklum rerencangan
damel anjeuna lalayeut
pisan, sabari ngabaso
anjeuna ngobrol.
ONAH “ NIH, ayeunamah
ONIH nya anu
mayar baso na, pan
kamari bagean ONAH
“
ONIH “ alim
ah, bayar we
ku nyalira, da
kamari oge ONIH
mah teu miwarang
di pang mayar keun, panan
teh ONAH panginten
anu nuang basona
oge “ .
ONAH “ ih
di piwarang pang
mayarkeun baso oge
meni alim, padahal mah
tara unggal dinten,
teu ceura kana
nambut na, nambut
acuk lah kanggo
ka ondangan, namut
jaketlah da kahujanan,
namut sapatu lah
da nu neng
ONIH baseuh “.
ONIH “ muhun
sih eta oge
di angken, tapi
pan teh ONAH
mah sok hilapan,
upami nambut ACIS
sok hilap mayar, pami nambut
helm sok tara
ngauih keun, pami
nambut HP kalah
sok rusak,
nembe wawartos “
ONAH “ nya
entos atulah ari
alim pang mayarkeun
baso mah, ieu mah
sok papanjangan, ngan
ONAH mah sok
asa teu kahartos,
naha anjeun kunaon
sok licik nyalira , ari
di pang mayarkeun
sok hoyong, ari
pangmayarkeun nu sanes
sok alim “
ONIH “ iyeuh
dangukeun, ari anu
kitu teh saha, da
raraosan abdi mah
tara etang - etangan,
upami ngetang karugi
mah, barang - barang abdi
oge tos sabara
puluh nu ditambut
ku anjeun tapi
teu uih deui,
nambut tas lah,
nambut beha lah, tos
puguh ari acis
mah, sa alit
sa alit ngeclok,
atuh emutan deui,
lenyeupan ku perasaan
“
ONAH “ muhun
da eta oge
moal karaos, ari teu
acan tiasa ngaraoskeun
perasaan nu sanes
mah, abdi mah
heran da, tiasa nyarios
kitu ari buktosna,
pang mayarkeun baso
oge meni alim
“.
ONIH “ SALERESNAMAH sanes
alim mung abdi
na nuju BOKE, tadinamah hoyong
di pang mayarkeun
ku anjeun “
ONAH “ ah
ulah sok ngabohong,
da rupina moal
wanton di garadahan
“
ONIH “ iiiiiihhhh
hapunten nya, abdi
mah tara bohong ,
kecuali KAPEPET, tos we
atuh ari sami – sami
teu gaduh artos
mah urang nganjuk
we “
ONAH “ muhun
atuh mung anjeun
anu nyarios na, da
abdi mah isin
da saleres na
mah, abdi teu
patos biasa kana
nganjuk teh.
No comments:
Post a Comment