CERPEN 17
Dina hiji poe, di
pasar SUKABUMI aya
sapasang monyet pamaen
DOGER keur CURHAT.
Monyet lalakina ngarana
BRAM ari monyet
awewena ngarana ICIH
KANDAU, maraneh na keur
guntreng ngobrol dina
sela - sela
istirahat.
BRAM “ lain
ari nyai ICIH
KANDAU hareudang teu,
di pakean baju
? “
ICIH KANDAU “
iiihhh akang BRAM,
meuni mangggil ICIH
KANDAU, biasa we
atuh, ICIH kituh kang, kawas
jeung saha wae,
nya kantenan we
atuh kang hareudang
, da teu biasa
nganggo acuk rok
kie mah “
BRAM “ naon
maksud na dunungan
nya ? coba
tinggali akang di
pakean baju maen
bal, cing pang
ninggalikeun di tukang
baju akang nomor
sabaraha ? “ ICIH
langsung ninggali nomor
baju nu di pake
ku kang BRAM,
bari pok na.
ICIH “ nomor
sapuluh kang “
BRAM “ eta
dunungan, akang di
nomoran, memang na
akang RONALDO, eta
nyai ICIH deuih
make baju kitu, meureun ti
ditunamah meh jiga
AGNES MONICA, hehe “
ICIH “ kang
nyai mah lapar
ieuteh, tatadi teu
acan emam “
BRAM “ sarua
akang ge nyi,
coba tuh tinggali
dunungan, ADEUUUH meni
enak ngopi MOCACINO
bari UDDUD, tuang
raos sareng goreng
hayam, giliran urang jeung
lauk asin japuh,
padahal akang mah
teu kaur cicing “
ICIH “ enya
kang, karek cicing
sa keudeung di asongan payung,
beres eta di
asongan tas, PAJARKEUN
TEH ONGKI MAU
BELANJA KE PASAR
“.
BRAM “ enya
nyi, akang mah
song di asongan
motor ninja, anu jiga
motor VALLENTINO ROSSI
geuning, tapi leuheung etamah,
paling pusing akang
geus di pakean
kaca mata HIDEUNG, eta teuing
naon maksud na
dunungan ? “
ICIH “ meureun
ameh keren kang,
meh katinggalina jiga
BON JOVI “
BRAM “ enya
keren sih keren
ngan akang pan
jadi poek tetenjoan,
da jalan teh
teu kadeuleu atuh
“.
ICIH “ enya
sing sabar we
kang da hirup
mah heuheuy jeung
deudeuh,,,,,PRET “.
CERPEN 18
OBROLAN BEURIT JEUNG
UCING
Hiji waktu BEURIT
jeung UCING keur
damai, di dapur
imah ceu MOMO
maraneh na keur
CURHAT.
UCING “ urang
mah sakapeung sok
pusing da ka
jelema “
BEURIT “ na
kunaon kitu mang
UCING make pusing
“
UCING “ atuh
rek teu pusing
kumaha RIT, kakarak ge
rek reup sare, langsung di
tajong, terus kakarek ge
ngodongkang hayang lauk
emas, da etah
gagang sapu kana
hulu ngabeletak, bari HUSSS,,,,,HUUUSSSS,,,CNAH,,,pokonamah pusing
lah “.
BEURIT “ uuuhh
mang komo ka
abdi maah, JELEMA teh
siga nu ijid,
tah kamari mah
rerencangan abdi lebet
kana SENTEG, teras
masang LEM, kadang -
kadang rerencangan abdi mah
sok di racun “.
UCING “ peuting
kamari tah nu
geuleuh mah “
BEURIT “ na
geuleuh kunaon mang
“.
UCING “ enya
pedah mamang teh
ribut jeung si
JABRIG, kakarak ge si
JABRIG rek di hajar
ku mamang, ari
pekteh mamang ujug
- ujug di
seblok ku cai
sa ember, atuh
bucis tungtung na
si JABRIG lumpat
“
BEURIT “ memang
na si JABRIG
ku naon kitu
“
UCING “ eta
we pedah ngheureuyan pamajikan
mamang, mamang jadi
teu enak asa
teu di hargaan
“
BEURIT “ CEMBURU
KELES,,,,,,,,, “.
CERPEN 18
MONYET PASEA JEUNG
ANJING.
Dina hiji
waktu pasosore, ibu
- MONYET jeung
ibu ANJING keur
parea - rea omong.
MONYET “ JING,
ari maneh ku
goreng - goreng teuing,
baham monyong maneh
mah “
ANJING “ eh
gebleg, nyebut monyong,
daripada maneh keur
goreng teh hideung,
hirup deuih, ih amit -
amit “
MONYET “ tapi
kieu - kieu
oge loba nu
naksir keles “
ANJING “ da
nu naksir na
oge tetep we
MONYET, tetep we hideung
siga maneh ”. pas keur
parea - rea
omong kadengeeun ku
ibu MEONG anu
keur tunduh banget.
MEONG “ gandeng
lah, sok saruana, dua
nana oge garoreng,
MUN NGACA ? “
ANJING “ da
eta ibu MEONG
si MONYET mimitina
“
MONYET “ bohong
ketang ibu MEONG, tah
si ANJING pangheulana
“.
MEONG “ minggeus
gandeng pan aing
rek sare, jempe moal,,,,,,?? Mun
teu jempe ku aing
DI DAANG DUA
NANA “ ngadangu
ibu meong nyauran,
MONET sareng ANJING
langsung barobo.
CERPEN 19
TATANGGA SINIS
Waktu poe minggu,
jam dalapan isuk,
ibu INDI keur
ngahuapan putrana di
halaman, putra bu INDI nu
namina RIKO nembe
4 taun, tapi
salirana montok bari
jangkung. Pas bu INDI
nuju asyik ngahuapan
putrana, ngalangkung ibu
EDOH bari naros
ka ibu INDI.
BU EDOH “
bu nuju naon
? “
BU INDI “
nyeta ieuteh nuju
ngahuapan murang kalih, kadie heula
atuh “
BU EDOH “
iiihhh meni resep,
murangkalih teh meni
montok sareng jangkung
ari yuswa na
sabaraha taun ? “
BU INDI “
ah nembe oge
4 taun, mung duka
kumaha da putra
ibu mah BALONGSOR
SADAYANA OGE, KOMO NU
KAKA NA MENI
JANGKUNG JIGA PEMAEN
BASKET, KOMO TAH NU
ISTRI SMP TEH
MENI BONGSOR PISAN,
ETATEH SOK KAAJAKAN
WAE PASKIBRA , atuda eueut
susu na oge
sadinten teh duka
sabaraha liter, SOK KU
IBU BAYANGKEUN “
BU EDOH “
enya nya sae
BALONGSOR, 4 TAUN
TEH TOS JANGKUNG
PUTRA IBU MAH, DA
ABDI MAH HERAN,
MONYET ABDI MAH
YUSWA NATEH TOS
AMPIR 30 TAUN,
TAPI ANGGER WE
KUTET “ .
CERPEN 20
KESEMPATAN DINA KESEMPITAN
Dina hiji poe
desa SAKURTANI, di guyur hujan
nu akhir na
kabanjiran . ODING nyaeta pamuda
anu hareupeun imah
na kabanjiran oge,
di sela - banjir
tos ngurangan, hujan
naoge tos ngawitan
reda, ODING nu aya
payuneun bumi ninggal
istri - istri
anu nembe aruih
daramel ti pabrik.
Pas ODING nuju
jongko ngomekeun cai
anu mampet ngaliwat
ka payuneuna istri
geulis bari ngaleledkeun
lancingan na samet
tuur.
ODING melong
kana bitis eta
istri anu bodas
tur mulus, teu aya
tapak goreng bawangan. Kusabab ODING
RADA RESEP UPAMI
NINGGAL NU KITU, akhir
na sakedap ODING
ngemut, bari dina
emutan nana “
banjir na samet
TUUR, calanana di leledkeun
samet TUUR , tah ayeunamah,
urang bendung ameh banjir
na samet PINGPING, pasti calana
atawa androk dileledkeun
nana samet pingping. Teu
lila ti kitu
ODING langsung menet
ngabendung jalan gang, hanas
ODING CAPE ngabendung
jalan, da hoyong ningal
pingping, aripekteh datang pak RT bari
melak cangkeng tur
nyarita.
RT “ ODING,
ari maneh kalakuan
teh kawas nu
gelo, geus puguh
banjir DEUUUUUUR kalakah di
penetan, BUKA , BUKA,,,,,,NAON MANEH
DEUIH AYA - AYA
WAE “
ODING “ aaahhhhh
dasar APES, REK
NINGGALI PINGPING kalah
di carekan, DASAR RT
EUWEUH KANYAHO “.
CERPEN 21
OBROLAN KANCIL JEUNG
INDUNG NA
Dina waktu KANCIL
rek ulin ka
tengah leuweung, pas
rek ngaliwat aya
MEONG, buru -
buru si KANCIL
balik deui ka
imah na manggihan
indung na, BARI
HOS - HOSAN SI
KANCIL NYARITA.
INDUNG NA “ KANCIL
,ari maneh kunaon
meni hos - hosan
kitu? “
KANCIL “ eta
ma, pas KANCIL
bade ameng ka
leuweung aya MEONG,
KANCIL teh sieun
di mamam, terus
weh KANCIL teh
lumpat da sieun “
INDUNG NA “
na bde kamana
atuh KANCIL TEH , BAGEUR,SOLEH, KASEP
ANAK EMA ? “
KANCIL “ bade
ka rerencangan ma, tos
we atuh ma, awak KANCIL
BALUR KU CENGEK
sing seueur ameh
MEONG ngegel teh
jadi lada eun
ma “ .
INDUNG NA “
eeeh ari KANCIL, atuh
kahayang na kitu
mah, sarua we
jeung jelema ngadahar
bala - bala di
anclom keun kana
sambel suuk, atuuuh
pedo “.
KANCIL “ enya
nya upami kitu
mah, kumaha ma
mun awak KANCIL
di balur ku
balsem, pan meh MEONG
NA bau eun
BALSEM PAS BADE
NGEGEL TEH “ .
INDUNG NA “
alaaahh,,,tong ku BALSEM
LAH BARABE,,,,,ITU WE
PAKE HELM BAPA
MANEH” ,
KANCIL “ terus
kumaha keun ma
? “
INDUNG NA “
aduuuuuh maneh teh
euweuh akal, pas MEONG
rek ngegel tah
huap keun HELM
na, kana baham na “.
No comments:
Post a Comment