MUNG ELEH OMONG
Dina waktu, aya barudak SD keur ngariung di hiji saung, bari ngarujak, dina sela- sela ngarujak, barudak garuyon bari seuseurian, nu ngariung teh nyaeta limaan, tapi barudak eta nu ngarana si ASEP,si USUP, si APET,si UGOH jeung si YANA, kabehan nana embung sili eleh keun.
ASEP " basa keur ti heula mah, indung urang ngajuru 2 steh, kembar "
USUP " wah teu aneh atuh kembar 2 mah, komo indung urang mah ngajuru sakali 3, tapi aneh na 2 lalaki ari nu hiji awewe, STEHHH "
APET " ahh, etamah hal biasa, komo indung urang mah ngajuru sakali teh, SAPULUH URANG, matak mun mengbal teh, sabelas jeung urang kiper na " NGADENGE KITU si UGIH ngarasa panas bari nembal.
UGOH " ah etamah saeutik atuh, indung urang mah 12, rata kabeh lalaki " tapi YANA embung eleh geleng bari pok na "
YANA " hah, kitu mah keciiiiil, mun indung urang mah, memeh kawin geus ngajuru, HEBAT PAN "
ASEP " lain hebat, kitu mah NGERAKEUN MEUREUN "
No comments:
Post a Comment