DOA GEUS JUMATAN
Dina poe JUMAAH, umat islam geus biasa ngalakonan jumaahan, shalat di masjid berjamaah. saeungggeus beres, kang ROSID anu boga pare, hayang HALODO da hayang moe pare. tapi di sbeulaheunana kang OHIM anu kakara melak CENGEK, dua nana ngadua.dua kang ROSID.
ROSID " mugi gusti sing HALODO, abdi hoyong moe pare anyar panen " doa akang OHIM.
OHIM " mugi gusti sing HUJAN lah, abdi nembe melak CENGEK, upami kapoe mah, meuereun teu DARANYEB "
Doa kang ROSID kadangu ku KANG OHIM, kitu oge doa kang OHIM kadangu ku kang ROSID.
kang RISID ngaharwos ka KANG OHIM,.
ROSID " kang, ulah sok ngalilieur MALAIKAT STEH, meuning HALODO "
OHIM " maneh mah sok lieur, pan dek karek melak CENGEK, nya mening menta HUJAN atuh BOLOHO "
ROSID " kie atuh ayeunamah meh aman, urang menta babarengan menta HALODO, tah geus kitu urang babarengan deui menta HUJAN, kumaha mun kitu kang ? "
OHIM " teu nanaon kitu ge, ayeuna urang menta heula HUJAN babarengan, tah engke hayu urang menta HALODO, setuju lah "
ROSID " lieur kitu mah ah, geus we meh aman, geus we lah ngadoa masing - masing, KUMAHA ALLAH we nu mere namah "
OHIM " tah, alus kitu, da masalah ijabah mah, kuring ge teu nyaho, ULAH sok maksa, make kudu hayang HALODO SGALA, MENING HUJAN, HE HE ".
No comments:
Post a Comment