NU MABOK BEURAT
Hiji poe si ACOY keur mabok beurat, maklum nu di inumna sagala rupa ,ti mulai SEPRIT,TOPI MIRING, JACK DANIEL, WHISKY, CONTRU,CHIVAS REGAL, TIA MARIA, BAYLIS jeng CAI ATAH, si ACOY leumpang ngorondang bari ngacamling.
ACOY " duh lieur euy, dunya teh asa muter EUY, DUH teu puguh tetempoan EUY, teu puguh rarasaan EUY, ari ieu dimana nya "
Pas si ACOY keur ngacamling sorangan pangggih jeung si UHO. SI UHO oge sarua mabok kendaraan, da kakara turun tina beus MERAK - JAKARTA, maklum si UHO tara naek beus,komo bari jarak jauh akhirna si UHO mabok BEURAT. maraneh na pasangrok bari sili tanya.
ACOY " mang, ari amang ARIEL PETERPEN NYA ?
UHO " lain mang, urang mah UHO, SI GANTENG KALEM TEA "
ACOY " aah, ARIEL ah, urang mah moal salah tempo, da panon geu normal keneh "
UHO " sumpah mang, dae keked, urang mah lain ARIEL PETERPEN "
ACOY " aah, ARIEL, KACIRI GANTENG KITU "
UHO " enya mang , urang ARIEL "
ACOY " ah nu baleg we anyying, maenya ARIEL GORENG PATUT, BUUK NA JOCONG , IRUNG NA PESEK, sia mah dablong ah "
UHO " panan tadi ceuk sia ,aing GANTENG, anyying sia mah LULUCON ah, hanas aing ngaku "
ACOY " nya atuh sorry we mang, kitu we meni ngadat, lain mang, ari ayeuna teh beurang atawa peuting EUY "
UHO " duka atuh mang, abdi oge teu terang, DA ABDI GE NEMBE NGALIH KADIEU TEH "
No comments:
Post a Comment