NYI IDA NYIRAM
Hiji peuting sakitar jam 02, NYI IDA ngahudangkeun salakina anu keur pules sare bari kerekna kadenge ka BANDUNG mah, saeunggeusna digeuingkeun kang OMA anu sieun pisan ku pamajikan, hudang bari nguliat.
NYI IDA " kang hudang atuh, NYAI hoyong JERUK BALI "
OMA " ari NYAI TEU ELING SANES, ieuteh jam sabaraha,mun tempo ? "
NYI IDA " eeeh, ieumah bawaan budak kang, lain nyai, heg bae mun teu di pangmeulikeun kajeun diserahkeun ! "
OMA " eh entong kitu geulis, wios ku akang ayeuna di pangmeserkeun "
NYI IDA " tapi KANG HOYONG SAKANTENAN SARENG PAIS ULEN "
OMA " na dimana aya PAIS ULEN, sugan edan "
NYI IDA " tempokeun we, teu dipangmeulikeun, isukan aing rek balik ka kolot "
OMA " idih nyai mah kitu oge meni di asupkeun hate,ulah bageur, WIOS KU AKANG DIPANGMESERKEUN PAIS ULEN MAH "
NYI IDA " tapi kang hoyong nganggo SABEL LEUNCA "
OMA " EDAN, sambel leunca, dewek DIMANA NEANGAN LEUNCA WAYAH KIE ? "
NYI IDA " nyaah teu ka nyai kang ? "
OMA " nyaah atuh nyai kantenan we nyai teh anu kadeudeuh, CINTAKU, SAYANGKU,NEGERIKU, MENJENGKELKANKU "
NYI IDA " ngomong naon kang anu terakhir bieu ?"
OMA " eta nyai pujaan akang, nyai mah lepat ngadangu "
NYI IDA " lain ngocoblak wae atuh, geura indit, KADE POHO, BATAGOR ABUY , awas mun hanteu ! "
OMA " muhun neng akang angkat heula nya, wios neng akang mah tunduh keneh oge, pokonamah demi nyai GITU LOH "
NYI IDA " ngocoblak deui, rek itaha inditna ieuteh kang, hayang di baledog ku HANDPHON sugan ! KADE POHO MEULI BASO URAT "
OMA " idih, nambah deui REQUISAN NANA, BOA EDAN "
NYI IDA " naon kang hayang di daang ! "
OMA " sanes nyi, eta REUNGIT EDAN nyoco kana beunget "
NYI IDA " ngocoblak deui, ieuteh iraha ngalebok BASO NA ? "
OMA " enya kan akang na nuju teu gaduh artos nyi "
NYI IDA " teu gableg duit nyah, naha atuh tatadi muhun - muhun wae "
OMA " ENYA KAN AKANG SIEUN KU NYAI "
NYI IDA " menggeus we atuh kitu mah molor deui ".
No comments:
Post a Comment