LOMBA MALIKEUN HULU ONTA
Hiji mangsa aya opatan supir pribadi di ARAB SAUDI keur istirahat nungguan barudak sakola anu rek di anteurkeunna, ka opat supir eta beda - beda nagara, tapi kusabab maranehna sapropesi sebagai supir pribadi,jadi babaturan bae da geus laloma unggal poe panggih ditempat nu sarua nyaeta di sakolaan tempat ngajemput anak - anak majikannana.
Nu hiji ngarana si VIJAY urang INDIA,nuhiji ngarana si BAROK urang KAMERUN nuhiji ngarana si KHUMAR urang ari nu hiji deui si DEDI ti INDONESIA aslina urang GARUT,dina sela - sela nungguan barudak bubar sakola,maranehna sepakat rek jarudi, kabeneran ninggali aya onta anu jangkung badag keur nyatuan dina handapeun tangkal korma.
VIJAY " hey dak, daripada kesel nungguan barudak bubar, urang taruhan yu ? "
BAROK " taruhan naon euy JAY "
VIJAY " tuh itu pan aya ONTA keur nyatuan, ayeuna urang lomba sing saha - saha anu bisa ngangkat suku ONTA, eta anu meunang, kumaha tah "
Dina obrolan eta kadengeuen ku si KHUMAR, bari pok si KHUMAR nyarita
KHUMAR " oh kitu lombana,hayu lah dewek miluan, rek sabarahaan taruhannana ? "
VIJAY " kumaha mun saratus rebuan lah, maneh rek miluan moal DED, NGAN dekah cangcaya euy ninggali awak maneh mah leutik PECEKREK, moal bisa jigana nganggkat suku ONTA anu sakitu gedena "
DEDI " arek lah, sok urang miluan,ulah ditinggali awak urang nu leutik,nu penting mah OTAK MAEN "
VIJAY " taaah kusabab kabehan geus sepakat, kumaha ayeuna urang konclong saha anu rek pangheulana ngangkat.
sauenggeus di konclong ternyata si KHUMAR bagean kahiji,si BAROK kadua si VIJAY katilu terus si DEDI kabagean paneuri, peserta kahiji nyaeta si KHUMAR anu awakna keker jiga binaraga langsung ngadeukeutan eta ONTA, terus bari beberegeh rek ngangkat suku ONTA, tapi kantun ka kesangan si KHUMAR teu mampu ngangkat suku ONTA ahirna nyerah, langsung ka peserta nomor dua si BAROK ,awak na jangkung badag jiga MIKE TYSON, langsung ngadeukeutan ONTA, bari nembongkeun heula urat - urat leungeuna, langsung nganggkat eta suku ONTA, tapi batan rongret suku ONTA, kalah KESANG SI barok anu kukucrut,ari ka angkat mah hanteu,ahirna si BAROK nyerah, ayeuna giliran si VIJAY anu awakna jiga ADE RAY, langsung ngajleng ka deukeut ONTA bari terus ngangkat suku ONTA anu keur asik nyatuan jukut.
VIJAY " euuuh, beurat ning, sakitu geus dibeakeun tanaga urang tapi teu ka angkat JADOL TEH TALUK AH, cing tah bagean maneh DED,
Si DEDI langsuung ngaleledkeun leungeun bajuna bari ngadeukeutan eta onta, najan si DEDI awakna leutik tapi otak na jero, leungeun katuhu api - api ngangkat suku ONTA, tapi leungen kenca na teukatempo mencet siki kanyut na, atuh langsung eta suku ONTA ngejat, ninggali kitu eta nu tiluan hareraneun sabab kur si DEDI nu bisa ngangkat suku onta, akhirna si DEDI anu urang garut tea anu awakna jiga RAYI ADE, meunang taruhan, tapi si VIJAY PANASARAN ngajak deui taruhan anu lain.
VIJAY " maneh hebat DED, dekah panasaran cing kumaha ayeuna mun lombana ngalieukkeun hulu ONTA cenah malik "
DEDI " hayu laH, SIAPA takut, sok tah nu lain mariluan moal "
BAROK " sok lah dewek miluan, sugan bisa ari malitetekeun hulu namah " biasa saenggeus kabeh sepakat langsung di konclong deui,ternyata si KHUMAR pangheulana, si KHUMAR langsung NAGKEUP HULU ONTA bari sing beregeh rek ngalieukeun eta hulu ONTA, tapi batan ngalieuk kalah si KHUMAR anu kacapean, terus peserta kadua si VIJAY anu gede omong langsung nagkeup hulu ONTA bari ngaluarkeun sakabeh tanagana, tapi eta hulu ONTA teu ronrret - rongret acan,terus si BAROK langsung luncat,susuganan bisa ngalieukeun eta hulu ONTA, tapi tapi si BAROK teu mampu , tepi weh ka giliran si DEDI, si DEDI langsung ngadeukeutan hulu ONTA BARI DI USAPAN, SI DEDI NGAHAREWOS KANA CEULINA " AREK MOAL DI PENCET DEUI SIKI KANYUT NA ?" DA ETA ONTA NGADADAK GIDEUG, atuh eta peserta nu tilu makin teu kaharti ,GOGODEG,,,,,,ahirna si DEDI meunang taruhan deui, TAH KITU HEBAT NA URANG SUNDA TEH.
No comments:
Post a Comment