Friday, December 23, 2016

carita sunda 3

PA BANGGA - BANGGA BUDAK
    Dina poe kemis, para  pensiunan VETERAN perang zaman BAHEULA KEUR NGALAWAN walanda, KEUR nunggu giliran nyandak gajih di kantor pos,kusabab seueur  pisan anu bade nyarandak gajih na,dugika ngantri,anu sapalih caralik dina bangku ,kaleresan dina bangku etateh aya opatan bapa - bapa anu tos barau taneuh nuju ngarobrol bari ngantosan giliran antri.
    Kusabab bapa - bapa eta tos karenal da tiap bulan panggih sok bareng nyandak gajih pensiunan,jadi ngobrol na oge laloma bari hareureuy teu aya kararagok,bapa - bapa nu opatan eta namina SOMANTA,SAMIUN, SAMSUDIN sareng CECEP,  saatos na ngobrol ngaler ngidul kaditu kadieu,tepika weh pok SOMANTA ngomong keun jumlah barudak na.
SOMANTA " pa  SAMIUN, ari budak bapa kabehna  sabaraha hiji ? da budak abdi mah kabehnateh salapan tapi alhamdulilah teu aya nnu misleuk, kabeh oge jaradi pangkat atuh,oooh mun ka imah teh aya nu ngirim duren lah, aya nu mawa lauk emas lah aya nu mawa beas lah, pokonamah rupa -rupa"
SAMIUN " ah putra abdi mah sa alit sadayana teh mung tilu belas,tapi jaradi jelema  jegud,da eta we paling rendah teh nu jadi camat,ari putra pa SAMSUDIN SBARAHA HIJI ? "
SAMSUDIN " putra abdi mah mung saalit, da ti dua bibit teh kur dua belas, kabeneran kabeh lalaki,ari nu sabelas mah pamaen bola, taaaah nu saurang deui jadi wasit, kumaha ari putra pa CECEP ? "
CECEP " ah putra abdi mah teu seueur  pa, mung  hiji - hijina ,tapi hiji oge janten SELEBRITIS, APAL MEUREUN PENGHASILAN SELEBRITIS SABARAHA,DA ETA WE TIAP BULAN PANG MEULIKEUN MOBIL JENG IMAH "
SOMANTA " oooooohhhhh, ENYA NYA DARIPADA SEUEUR CARIOS MAH MENING SEUEUR ARTOS, jiga putrana pa CECEP, budak uing euweuh nanaonan atuh arikitumah BEU " 
 .

No comments:

Post a Comment