DUKUN CULUN
Geus tilu bulan si AEP CALEUY hulang - huleng sabab bingung teu laku wae ka awewe, padahal si AEP kurang kumaha GORENG ,hideng BARI KURANG JANGKUNG,tapi eta ka awewe hese laku, tepika si AEP CALEOHNGORUY geus ngarasa jengkel,kitu salah kieu salah, ahirna si AEP neangan dukun nu jago ka awewe.
Saenggeus aya anu ngabejaan imah dukun,si AEP teu noler - noler waktu pikeun ngadatangan imah dukun, teu kungsi lila si AEP tepi ka imah dukun,si AEP langsung ngetrokan eta imah dukun tea, eta dukun anu keur ngadaweung, rada reuwas ngadenge panto aya nu ngetrokan, bari kadenge sora.
AEP " SALAMUALAIKUM "
DUKUN " OHO,,OHO,,,,duuuh jeung batuk deuih,,,ikum salam ,mangga ka lebet "
Si AEP langsung diuk dina samak salambar bari langsung pok na.
AEP " duh punten ki,ngawagel aya peryogi ieu teh "
DUKUN " apal tisaha ujang kadie ?"
AEP " eta apal ti si MAMAT CINGKED, nu NGOHNGOR ning ki "
DUKUN " oooh, memang si eta sok kadieu, saha ujang ngaran ?"
AEP " ari ngaran asli mah AEP GUMASEP, tapi duka da ari sok di sebat ku rerencangan mah AEP CALEUY, duka sugan pedah awak abdi nu keker "
DUKUN " ah maneh mah aya - aya wae, keker timana jalana,sakitu pecekrek kitu,hayang di sebut keker nyah, mun ngaca,lain aya perlu naon cik nyarita ? "
AEP " kie ki, abdi teh teu laku wae ka awewe, ayeunateh hoyong laku,da cenah aki jago ka awewena "
DUKUN " bener jang AEP, teu nyalah datang kadieu ari hayang jago ka awewe mah, tuh pamajikan aki aya opat,gagah teu "
AEP " anjir hebat pisan, sok lah ayeuna abdi ubaran ki kumaha ? ku abdi kajeun dibayar sabaraha oge asal bener we abdi jadi laku ka awewe, uing mah rek neangan nu jiga SAHRINI atawa AGNES MONICA "
DUKUN " gampang etamah,nu penting mah dp na heula sok kadieukeun 500 rebu dijamin AREDAN eta awewe ka ujang "
Kusabab si AEP percaya,si AEP langsung mayar dp na anu 500 rebu bari pok
AEP " tah ki duit na ,uing mah moal di anjuk "
DUKUN " tah ieu cai na botol bawa ku ujang ,mandikeun ualah di sabunan, sabab mun disabunan bakal leueur jang "
AEP " oh kitu nyah ki,bener ieuteh mujarab ki "
DUKUN " eh sok we buktikeun heula "
AEP " tapi ki sateacan abdi uih ,abdi panasaran hoyong ninggali heula istri - istri aki gae teu ? "
DUKUN " atuh hegbae, nu hiji di dapur,nu hiji di kamar,nu hiji di tengah imah nu hiji deui di tukang keur marab hayam.
Ku sabab geus meunang ijin si AEP langsung ninggali kanu di tukang heula,anu keur marab hayam tea, ari pas di tinggali, si AEP reuwas bari pok na.
AEP " edan,,,,ieu kumaha si aki,pamajikan kahijina jika WALUH, dasar si aki nu kie disebut awewe,si AEP langsung asup ka dapur rek ninggali nu kadua, si AEP tambah reuwas deui,sabab pas di tinggali si AEP ngabirigidig bari pok na.
AEP " ASTAGFIRLOHHALAADIM, eta awewe bwnget na jiga NANGKA,aing panasaran hayang ninggali nu katilu "
Pas ningali nu katilu di tengah imah,awewena keur nangtung bari make kutang hungkul,si AEP REUWAS PISAN bari pok na .
AEP " ujubuneng,,,adiiiiih ieu awewe si aki jiga PACUL, waaaah gagal ieumah tatanya teh, teu hayang ah ninggali nu ka opat mah, bakal leuwih parah sok sieun jiga KOPEH LAKEN ah.saenggeus kitu si AEP buru - buru ka hareup deui nyamperkeun si aki bari pok na.
AEP " duh ki gagal ning,pamajikan aki kabeh ge garoreng,pantesan aki laku atuh ari kanu kitu mah,"
DUKUN " hahhh garoreng nyah pamajikan aki,tapi da titingalian aki mah eta teh jiga LUNA MAYA,nu kadua jiga NABILA SYAKIB,nukatilu jga DIAN SASTRO, mun nu ka opat tah, jiga AYU TING - TING "
AEP " ooooh PAINGAN ATUH SI AKI MAH LOLONG KOTOKEUN, BOA EDAN "
No comments:
Post a Comment