ANUGERAH KACA EUNTEUNG
Pas isuk - isuk laah kira - kira jam satengah tujuh, karyawan pabrik ngabring rek arasup gawe,paburu - buru mareuntas da sieun kabeurangan, soal na mun kabeurangan pasti dicarekan ku atasan,kitu cenah.dina waktu harita bari ngos - ngosan karyawan anu ngarana si ETI karak asup ka gedung, pas di tinggali,kabeh babaturan gawena keur ngaraca hiji sewang, dangdan gitu loh, bari nangtung keneh si ETI nanya babaturana nu ngarana si IMAH.
ETI " ih maneh mah IMAH, kakarek oge datang geus nguenteung,hayang geulis lain ?"
IMAH " idih suka - suka gue dong,kaditu ah ulah ngaganggu "
ETI " helow,,,,idih gitu aja marah "
IMAH " ya iyalah gue marah, kesel gitu loh,mendingan maneh ge ngaca heula memeh gawe teh, jelema nu sering ngaca berarti jelema anu sering introspeksi diri,nyaho teu "
Ngadangu kitu si ETI langsung ngadilak,bari medol korsi langsung diuk digigireuna,sabari terus nayakeun.
ETI " enya nyah kitu MAH ? introspeksi nyah ?"
IMAH " atu nya heueh ETI, sabenernamah urang kudu bersukur ku ayana kaca EUNTEUNG teh "
ETI " hah naha make kitu ?"
IMAH " atuh mun euweh kaca,maneh moal katinggali dina wajah mun jadi jarawat,atawa geus ngabaso cabe nyelap dina huntu, atawa ANU KECIL-KECIL GEULEUH tea geuning "
ETI " eh enya nya, urang kadang sok poho sukur kana ayana kaca eunteung"
IMAH " tah kitu sukuran,sabab ku ayana kaca eunteung teu sauetik nu goreng jadi geulis STEH,geuning aya istilah KEGAGALAN ADALAH KESUKSESAN YANG TERTUNDA,tah maneh oge mun loba ngaca bakal jadi geulis "
ETI " ah naon hubungannana geulis jeung ngaca ? "
IMAH " EEEH, panan wajah goreng teh adalah GEULIS YANG TERTUNDA,tah metode na kudu loba ngaca, ngarti "
ETI " eh enya nya,ngarti lah, paingan atuh ninggali nu lain mah ,meusmeus ngaca,saeutik - saeutik ngaca OOOOH hayang geulis merenan.
No comments:
Post a Comment