HIRUP MAH PASANG- SANGKA
Dina hiji waktu si KOMAR keur ngobrol jeung batur na si UDIN PECAK dina jero garduh pos ronda.
KOMAR " lain nya DIN ,bangun genah jadi pejabat,beunghar pastina oge duit loba,mobil balatak,imah dimana - mana,awewe tinggal hayang nu kumaha "
UDIN " teuing atuh ah,tapi najan kitu oge hate namah teuing bagya teuing hante,sabab hate mah teubisa di bohongan mun korupsi tea mah,dag dig dug sieun beunang ku KPK,sarena oge boa tibra boa hanteu "
KOMAR " heuh nya,etamah sangkaan urang hungkul pedah teu ngarasakeun nya,tapi da meureun sarua manusa, pasti sing sakumaha beunghar oge, aya kasedih,kasieun jeung kamelang mah "
UDIN " atu nya heueuh,siga ARTIS jiga bungah tapida ari aya masalah mah,komo bari kudu asup kapenjara,tetep we leweh,hirup mah pa sangka - sangka,ceuk tukang buah,genah tukang daging,ceuk tukang daging genah tukang pakean cnah tara kokotoran,eh ceuk tukang pakean genah keneh tukang baso unggal poe laku bae,ceuk tukang baso bangunateh genah mun jadi tukang pulsa.
KOMAR " enya nya,kunaon urang jadi mikiran hirup jeung kagenah batur,ari urang sorangan teu di perhatikeun "
UDIN "urang rek balik heula ah,sien disangka pangangguran ku batur,tatadi gawena ngan ukur ngobrol we "
KOMAR " enya urang ge rek balik sieun di sangka NGEDUL, hantem we ngobrol,rek iraha gawena "
No comments:
Post a Comment