Saturday, January 14, 2017

carita sunda 16

PASILANG - SILANG
    Dina hiji poe,si NUNUNG jeung si NENENG keur ngobrol di kantin pabrik,sa eunggeus istirahat bari nungguan asup gawe deui,bari katinggalina pedo pisan ngopi jeung ngaroko.
NUNUNG " NENG,ari maneh ayeuna bobogohan jeung saha ?" tanya si NUNUNG bari langsung ngaregot kopi mocacino.
NENENG " ah keur ngajomlo ayeunamah,da eta hayang ka si ANTON budak engginering,kalah deur babaturana nu hayangeun ka urang teh "
NUNUNG " emang saha kitu ? "
NENENG " eta si YUDI,ari urang na teu bogoh da,geus pang meulikeun PULSA lah,pangmeulikeun coklat lah, ngajak ngabaso lah,pokonamah rupa - rupa we "
NUNUNG " oh kitu nyah,penyateh urang hungkul nu kitu teh ? "
NENENG " emang kumaha kitu ? "
NUNUNG " urang oge,resep ka si ANDI, eh si ANDI na kalah ngungudag si ONCOM  EHA anu ngjahit di tukang geuning,meni geuleuh "
NENENG " terus kumaha atuh ayeuna ? "
NENENG " ah geus we urang teh pindah haluan,resep ka si IWAN, titip salam ka si DENI,coba kalah si DENI na ANU HAYANGEUN KA URANG TEH, geus puguh urang mah teu resep ka si DENI mah,osok mabok,basa eta ge ka kosan sosoloyongan,terus ARI NUNG kumaha atuh ? "
NUNUNG " nyaeta kitu,jadi cape hate,aya satpam nu resepen ka urang,manehna geus boga pamajikan,maenya ngalayanan nu geus boga pamajikan,ga level gitu loh "
NENENG " atuh bae boga pamajikan oge, mun urang mah baelah boga pamajikan oge asal nyaaheun we ka urang "
NUNUNG " atuh heg bae masalah etamah,kumaha dirimu we, da beda meureun ka resep teh,ieu kie we,teu saeutik lalaki nu bogoheun kanu boga pamajikan,teuing kumaha atuda, siga si VIVI ning pengawas tea "
NENENG " na kumaha kitu ? "
NUNUNG " enya kan nyaho manehnateh geus boga salaki, da panon satpam sing burileng,jiga nu hayang ngadahar,malah sok katinggali lah pada harayangeun malah sok ngahareureuyan STEH "
NENENG " enya nya,asa jadi pasilang - silang kos sendal capit, tapi ketang leuheung keneh deuih ari pasilang -silang na beda warna hungkul,sendal capit hejo jeung sendal capit koneng,meni tidak metching nya "
NUNUNG " heueuh NENG komo pasilang - silang na jeung sapatu boot mah, leuwih gile meureun nya "
NENENG " enya nya hahahhhhhhha, hayu ah urang bari leumpang ngobrol na tereh asup,ulah ngomongkeun lalaki wae lah,bisi kabita "
NUNUNG " paling oge lalaki nu kabita ku ping-ping awewe "
NENENG " nya ping-ngna nu mana heula,da ari loba goreng bawangan mah teuing atuh ".  

No comments:

Post a Comment