KORBAN MODE
Karyawan pabrik banget pisan lobana,lain ratusan deui etamah,meureun teu ratusan rebu,da unggal poe teh meni macet isuk - isuk jeung sore.teuing kusabab hayang trendi sugan teu saeutik anu sok milu - milu kana muodel anu keur trendi siga contona make kawat dina huntu,atawa make naon ning anu dina panon teh,LENSA KONTAK lain,TERUS usum di tarato narurutan artis, jeung sajabana lah loba keneh,aya nu leuwih parah anu irung na DEMES,meureun hayang jadi mancung jiga urang barat,deur di saruntik silikon.
Dina hiji waktu,si MONA jeung si UMI,karek balik ti pagaweana,maraneh na langsung ngabaso di tiga dara sebrang pabrik bari biasa MENGGOSIP.
MONA " MI, APAL TEU SI IJEM anu bagean mesin komputer nu di hareup,? "
UMI " enya apal ,emang kumaha kitu ?"
MONA " lain sageulis - geulis,deur irung na di suntik, atuh jiga tomat asak,meuni beuceum "
UMI " heuueh nya meh naon teh, tapi aya urang mah pernah ninggali bencong ning,etamah di suntik naoge teuing sabaraha kali,jadi kitu ning "
MONA " jadi jiga kumaha MI ?"
UMI " JADI JIGA BUAH ALPUKET STEH "
MONA " hahahha,,,,meh naon nya,sugan meh aya nu bogoheun "
UMI " enya sugan matak kitu ge, padahalmah teu kudu kitu,da hirup mah kumaha milik "
MONA " na kumaha kitu MI ?"
UMI " enya eta ge si IPAH, urang mah lain sih ngaledek, sakitu beungetna ku rinyuh, geuning kabogoh namah KASEP STEH "
MONA " enya da teu sakabeh lalaki teh ninggali kageulisan beungeut,tapi geulis hatena, kitu lain "
UMI " enya kitu meureun,jadi masalah cinta mah,teuing BEGINIH TEUING BEGONOH,ah rier ah,mening ngahajar heula baso,tuh geus jadi "
No comments:
Post a Comment