JADI JELEMA TEU PERNAH RUGI
Saha jelemana jeung urang mana anu pernah rugi, saeunyana jelema teu pernah rugi, kitu oge ceuk si UDIN ka si UJANG anu keur ngarobrol diwarung jamu - jamu. dina hiji waktu, UDIN imah na kabangsatan, motor na aya nu maok, tapi UDIN tetep sabar, da ngarasa untung najan motor na leungit.
UDIN " jang peuting kamari mah, imah urang kabangsatan "
UJANG " kabangsatan nyah, naon atuh anu leungit "
UDIN " leungit motor JANG, tapi untung teu jeung helm na, mangka motor teh hiji - hiji na paragi kaditu - kadieu , bari motor nateh can lunas deuih "
UJANG " LEUNGIT NA MOTOR HUNGKUL NYAH ? untung teu jeung pamajikan maneh na di bawa, untung keneh sakitu mah "
UDIN " tah kitu genahna jadi urang sunda teh, nanaon teh untung we, tapi keun bae lah leungit motor mah, mudah - mudahan aya gantina nu leuwih alus, bangsat motor na ku urang di doakeun sing geura insyap ".
UJANG " ENYA DIN, DOAKEUN BANGSAT NA,MUN PERANG SING TONG KATEMBAK, jeung ari lengit motor mah da teu aneh, batur oge loba, nu penting mah tong leungit iman we, da urang teh bakal maot, da maot mah moal mamawa motor, kudu mawa iman DIN "
UDIN " enya kitu, siga kamari tatangga leungit hayam, da tetep we ngomong nateh untung cnah teu jeung kandangna, da mun jeung kandang na cnah kuring kudu nyieun deui, sok we bayang keun iraha rugina ? "
UJANG " ENYA SIGA URANG NAJAN HIRUP BALANGSAK, TAPI MASIH UNTUNG URANG MAH LAIN MONYET, JADI PADA INTI NA HIRUP MAH KUDU LOBA SYUKURAN, KABEG OGE SUKURANEUN HUNGKUL, ulah poho kana PURWADAKSI "
UDIN " enya bener, tapi sabagian jelema aya anu boga pendapat, bahwa ngarasa untung wae mah cnah LEBAY, tapi ah mangga teh teuing da ari berpendapat mah bebas "
UJANG " NYA TEUNANAON masalah pendapat mah tiap jalma boga kawenangan, malah jelema bakal loba elmu kuayana beda pendapat atawa beda sudut pandang, ari sudut pandang bahasa sundana JURU TINGALI lain ?
UDIN " enya meureunan sugan, da kuring ge sok tara pati apal, naon bahasa INDONESIANA, BARUKANAN, SIHORENG, ROROMBEHEUN jeung sajabana "
UJANG " enya lain bohong kuring oge teu nyaho, tapi munn ROROMBEHEUN MAH AYA NU NYEBUT NA PERPECAHAN ANTAR SUKU, eta ge teuing bener teuing hanteu, sabodo ah "
UDIN " ENYA KEUN BAE LAH, DA DIDEBATKEUN OGE BISI PASEA KOLOT "
UJANG " enyalah barina oge, nu penting mah dina hirup urang kudu SABAR, SUKUR jeung TAWEKAL, keunbae lah kang leungit motor mah sugan di gantian ku PAJERO kunu maha kuasa,,,amiiiiin "
UDIN " ENYA NUHUN JANG euy ari masih keneh eling mah " saenggeus kitu maraneh na langsung baralik.
No comments:
Post a Comment