PASEA SANTUN
Dina hiji waktos,
ONAH sareng ONIH
nuju ngabaso di
bakso TENIS SUKABUMI, maklum rerencangan
damel anjeuna lalayeut
pisan, sabari ngabaso
anjeuna ngobrol.
ONAH “ NIH, ayeunamah
ONIH nya anu
mayar baso na, pan
kamari bagean ONAH
“
ONIH “ alim
ah, bayar we
ku nyalira, da
kamari oge ONIH
mah teu miwarang
di pang mayar keun, panan
teh ONAH panginten
anu nuang basona
oge “ .
ONAH “ ih
di piwarang pang
mayarkeun baso oge
meni alim, padahal mah
tara unggal dinten,
teu ceura kana
nambut na, nambut
acuk lah kanggo
ka ondangan, namut
jaketlah da kahujanan,
namut sapatu lah
da nu neng
ONIH baseuh “.
ONIH “ muhun
sih eta oge
di angken, tapi
pan teh ONAH
mah sok hilapan,
upami nambut ACIS
sok hilap mayar, pami nambut
helm sok tara
ngauih keun, pami
nambut HP kalah
sok rusak,
nembe wawartos “
ONAH “ nya
entos atulah ari
alim pang mayarkeun
baso mah, ieu mah
sok papanjangan, ngan
ONAH mah sok
asa teu kahartos,
naha anjeun kunaon
sok licik nyalira , ari
di pang mayarkeun
sok hoyong, ari
pangmayarkeun nu sanes
sok alim “
ONIH “ iyeuh
dangukeun, ari anu
kitu teh saha, da
raraosan abdi mah
tara etang - etangan,
upami ngetang karugi
mah, barang - barang abdi
oge tos sabara
puluh nu ditambut
ku anjeun tapi
teu uih deui,
nambut tas lah,
nambut beha lah, tos
puguh ari acis
mah, sa alit
sa alit ngeclok,
atuh emutan deui,
lenyeupan ku perasaan
“
ONAH “ muhun
da eta oge
moal karaos, ari teu
acan tiasa ngaraoskeun
perasaan nu sanes
mah, abdi mah
heran da, tiasa nyarios
kitu ari buktosna,
pang mayarkeun baso
oge meni alim
“.
ONIH “ SALERESNAMAH sanes
alim mung abdi
na nuju BOKE, tadinamah hoyong
di pang mayarkeun
ku anjeun “
ONAH “ ah
ulah sok ngabohong,
da rupina moal
wanton di garadahan
“
ONIH “ iiiiiihhhh
hapunten nya, abdi
mah tara bohong ,
kecuali KAPEPET, tos we
atuh ari sami – sami
teu gaduh artos
mah urang nganjuk
we “
ONAH “ muhun
atuh mung anjeun
anu nyarios na, da
abdi mah isin
da saleres na
mah, abdi teu
patos biasa kana
nganjuk teh.
LALAKI SALINGKUH
Hirup lalaki diwarnaan
ku salingkuh, tapi punten
ieumah sanes didieu,
itu lalaki ANU
D AMERIKA, ari
lalaki di INDONESIA
MAH, rarasaan moal
jauh beda. Dina
hiji peuting dua awewe nu
ngarana MINCEU JEUNG
LINCEU anu di
taringal keun ku
salakina, keur ngarumpi
bari arudud jeung
ngopi ABC PLUS,
maklum maraneh na
cs pisan jadi
ngobrol na oge
teu kararagok.
MINCEU “ lain
ieu teh nasib
atawa naon nya , urang
jug - ujg
di serahkeun ku
salaki urang, mangkaning
budak meujeuhna sakola,
jajana kos nu
edan, hayoh beurang peuting
muih menta jajan,
ari bapana kalah
deur kawin deui
“.
LINCEU “ urang
mah aneh, eta
salaki maneh make
kudu kapincut ku
si ONAH, sakitu
awak na jiga
BASKOM, BARI HIDEUNG, NGOHNGOR
DEUIH AH “.
MINCEU “ nyeta
atuh, padahal urang
teh kurang naon
atuh, unggal poe ka
salon SPA, tuh tingggali
bengeut wajah oge
meni SPA kieu
“
LINCEU “ ahh
eta mah SPA
kurang sare, jadi
weh PIAS, memang
sih SPA jeung
PIAS mah sarua, da
urang ge sabener
namah teu ngarti,
kunaon matak di
serahken ku salaki
teh , da perasaan asa
GEULIS urang JEUNG
SI KOKOM TEh, tapi
kunaon salaki urang
bet kapincut ku
si KOKOM, aneh da “
MINCEU “ bener
da, GEULIS didinya ,
COBA SI KOKOM
MAH AWAK NAGE
BUSEKEL SIGA TUKANG
NAGGUNG JAGONG, nyaeta
teuing kunaon lalaki
teh resep nateh
salingkuh asal namah, kalah
kulila di kawin
si bengeut mah,
nu kolot di
tingakeun “.
LINCEU “ poko
namah tinggalikeun urang
mah rek dioperasi
PLASTIK meh geulis
pisan , ngan moal ari
di SUNTIK IRUNG
MAH, SOK JIGA
TOMAT ASAK “
MINCEU “ entong
barina oge, di SUNTIK
IRUNG MAH, keur
mah rarai teh
AWON PATUT hayoh
nyah di suntik,
atuhhhh mikinan
AWON meureun “
LINCEU “ teuing
sugan si KOKOM
teh make pellet
kitu ? “
MINCEU “ zaman
kie wari pellet
mah geus teu
usum KELES, paling ge
goyangan si KOKOM
we anu hebat,
TAPI NU JELAS
MAH LALAKI NA WE,
ANU ABONG -
ABONG HULU NA
DUA “
LINCEU “ heueuh,
da lamun hulu
na hiji mah
make kudu salingkuh
atawa nyandung”.
ETA HAYAM URANG
DI HIJI LEMBUR
BARUDAK NGORA GEUS
BIASA SOK LOBA
HAREUREUY, HAYM BATUR
LAH DI ENDRIN,
KULAH BATUR LAH
DI BEDAHKEUN, TANGKAL
CAU LAH ANU
KARARAS NA DI
DURUK, MAKLUM DI KAMPUNG BARUDAK
NGORA TEH BARAONG
PISAN, PAS SORE -
SORE, BARUDAK NGORA NU
OPATAN PAREBUT REK
NOONG NU MANDI,ETA
BARUDAK NGORA TEH, DODO,
JAPRA, GOGON JEUNG PENDI, HAYANG PAHEULA -
HEULA NOONG NU
DISANGKANA NU MANDI
THE SI DEVI
ANU GEULIS KACIDA, POKONAMAH BENTANGNA
KAMPUNG ETA WEH
WEH, KULIT BODAS
BARI MULUS, GEUS
WEH MATAK NGARUY,
MATAK BARUDAK HAYANG
NOONG OGE, HANAS
SILI SURUNG.
DODO “ PRA, URANG
HEULA NOONG NA,
KE MANEHEUN KE
KU URANG DI
PUNGGU “
JAPRA “ EIT
NANTILANAN, URANG HEULA, ANJIR GEUS
BULIGIR NGAN ASA HIDEUNG KITU
TONGONG NAMAH “
GOGON “ BURU
TUH PRA, URANG
GE HAYANG NINGGALI
“
JAPRA “ GANDENG
BEUNGEUT, KELA TUH
SAKEUDEUNG DEUI, PANASARAN
URANG MAH “
KUSABAB SI JAPRA
GEUS NYAHO, MANEHNA
LANGSUNG TURUN ,DIGANTI KU SI
PENDI.
PENDI “ NAH,
IEU YEUH REJEKI
NOMPLOK, WALAH GEUNING
HIDEUNG DO, GEUS AH
URANG MAH REK
TURUN “ HANAS PA SURUNG – SURUNG HAYANG
NINGGALI SI DEVI, ARIPEKTEH ETAMAH
BAPANA, JABA HIDEUNG, JABA KUMISAN
BAPLANG, AKHIRNA BARUDAK
KECEWA . TERUS ULINA
BUBAR.
NINGGANG KA PEUTING,
BARUDAK HAYANG NGALIWET, SI
GOGON,DODO JEUNG SI
PENDI INISIATIP NEWAK
HAYAM TINA HANDAPEUN
TANGKAL CENGKEH. TEU KUNGSI
LILA LIWET ASAK ,HAYAM
ASAK , PAS KEUR
DALAHAR KURUNYUNG DATANG
SI JAPRA.
JAPRA “ MARANEH
MAH NGALIWET TEU
NGAJAK - NGAJAK, IDIH GEUNING JEUNG
HAYAM “ JAPRA LANGSUNG
DI ASONGAN PINGPING
NA,JANGJANGNA JEUNG CEKERNA, JAPRA LANGSUNG NYELEBEK DAHAR,
BARI NYAH NYEH
NYOH.
JAPRA “ ENAK
IH HAYAM NA,
BISAAN MASAK NATEH,
HAYAM TIMANA IEU
MENI GEDE KIE DAGING
NA ? “
PENDI “ HAYAM
TI HANDAPEUN TANGKAL
CENGKEH “ BARI
RADA KAGET JAPRA
NYARITA, BARI DAHAR NA LANGSUNG
EUREUN.
JAPRA “ TINA
HANDAPEUN TANGKAL CENGKEH,,,,,,,ETATEH HAYAM
URANG HIJI - HIJINA “.
KENANGAN KATUKANG
Geus lima tahun
teu papanggih, ICIH jeung
MUMUN SOBAT ANU
BANGET LAYEUTNA. Hiji
mangsa ICIH jeung
MUMUN papanggih di
pasar GUDANG SUKABUMI,
maklum sono geus
lila teu panggih,
akhirna maraneh na
sepakat ngobrol bari
ngabaso di TIGA
DARA.
ICIH “ MUMUN,
maneh keur naon
didieu ? “
MUMUN “ eh
ICIH KANDAU, urang
keur balanja, sumpah
urang bungah pisan
panggih jeung didinya,
yu ah ngobrol
na bari ngabaso
“
ICIH “ ayeuna
tinggal dimana atuh
? meni hese hayang
panggih jeung maneh, meni
siga selebritis linghas “
MUMUN “ urang
mah di perum
NANGGLENG, geus dua
taun jeung salaki,
kumaha didnya geus
boga budak acan
? “
ICIH “ boga
hiji awewe karak
3 taun, ngan
urang mah pepegatan
jeung salaki teh
“.
MUMUN “ har naha
make pepegatan, meuereun
budak jeung saha
?, terus ari
ayeuna cicng dimana
? “.
ICIH “ ah
salaki urang na
boga salingkuhan, geus
we menta di
serahkeun, budak mah
di urus ku
mitoha, urang mah
balik deui we
ka kolot, tapi
ayeunamah pindah ka
perum SUKALARANG, ulin
atuh kaditu “
MUMUN “ enya
ari geus apal
mah, eta salaki didinya
salingkuh lain, ih amit – amit
nya da salaki
urang mah bageur
“ .
ICIH “ nya
syukur we maneh
mah alus nasib
na, lalaki teh teu
ceura keur zaman
bobogohan, meni mesra, lamun
leumpang bareng pan
pageye - geye , na
ari geus kawin,
mun leumpang teh
maneh na dimana
urang dimana, meureun
teu bedanage 20
lengkah mah , pan ari
keur bobogohan mah,
tijalikeuh saeutik oge
pajarkeun teh hati-
hati atuh neng
mapah na, ari
geus kawin mah
leumpang teh bari
popolotot pajarkeun teh
buru atuh cnah
leumpang na maneh
mah meni lengle “.
MUMUN “ enya
sih, ari palebah
kitu namah, ngarasakeun.
Ari ayeuna can
hayang kawin deui
atuh ? “
ICIH “ atuh
nya haying ngan
can aya jodona
deui we meureun,
cing atulah pang
neangan keun lalaki,
bae teu bos
oge asal benghar
we loba duitna,
bari nyaaheun “
MUMUN “ atuh
neangan dina FACEBOOK
ku sorangan, rupa
- rupa didinya
mah, hayang lalaki
nukumaha “.
ICIH “ ah
loba wadul, GEUS
FACEBOOK, TWITER, INSTAGRAM, BBM,
hararese lah nu
puguh mah pangggih
we di darat,
langsung ka amil, beres
tinggal bulan madu
weh, pedo. “.
MUMUN “ aya
babaturan salaki urang
duda siah, keur
tiheula mah sok
ka imah ngarana
teh saha teh
poho deui, tan
tan kitu da,
ngan umur na 80
taun, arek moal ? “
ICIH “ atuh
geus we urang
teh paehan daripada
ditawaran lalaki umur
80 taun mah, maenya
ge kuateun keneh “
MUMUN “ aya
tatangga urang duda
tapi ngora keneh,
ngan rada goreng
adat da preman ,
kabeuki nateh ngadu
hayam, nguseup jeung mabokan,
arek moal “
ICIH “ geus
puguh urang oge
baragajul, ditawaran nu baragajul
deui nyah, tong nukitu
mah ah, karunya ka
budak engkena, walah
ngomong - ngomong
geus sore, tuh bayar
heula basona hayu
ah urang balik, ke
nelpon nya “
akhirna maranehna balik
masing - masing.
ISIN KU PA
PULISI
Sekitar jam sapuluhan,
si ADUL rek
ka pasar GEKBRONG,
kusabab buru -
buru, si ADUL poho
make helm, jeung
rumasa tara aya
tilang, keur mah
si ADUL sieun
pisan ku pamajikan,
da titah buru – buru balanja
katambah si ADUL
kurang resep make
helm kusabab jarak
na deukeut, jarak
CIMANGKOK ka GEKBRONG
ukur dua kiloan,
teu loba dedengean
si ADUL langsung
capcus ngabeset motor
RX - KING na
bari sora sora
knalpot na kawas
setan, da kana
ceulina oge mtak
katorekan, malah matak
rebing.
Teu kungsi
lila si ADUL
tepi ka pasar
GEKBRONG bari teu
luak - lieuk,
pas erek mengkol,
si ADUL reuwas
ngadenge sora piriwit
tukangeun nana, ari
pas di reret,
ari pekteh pulisi.
PULISI “ priiiiiit,
kasisikeun motor maneh
“ bari deg
- degan si
ADUL kasisi .
PULISI “ kunaon
teu make helm
? “
Si ADUL “
punten pa pulisi,
abdi teu terang
aya bapa didieu,
upami terang aya
bapa pasti abdi nganggo
helm “.
PULISI “ oooh
jadi mun nyaho
aya petugas, kakara
make helm nyah ,
jadi maneh mah
mun make helm
the, sieun ku petugas
nyah, lain sieun
lamun labuh sirah
maneh jabi bocok
“.
Si ADUL “
muhun pak,,,,,,tapiiiiii,,,,,,,
“.
PULISI “ lain
tapi tapi, eta
deuih sora knalpot,
kuat beberebetan kitu,
na maneh teu
katorekan ? “
Si ADUL “
henteu pa abdi
mah biasa we “.
PULISI “ maneh
teu katorekan, ceuli
batur nu katorekan
nana, cing ayeuna
ceuli maneh adekeun kana
deukeut knalpot, buru “
si ADUL langsung
ngdeukeutkeun ceulina kana
deukeut knalpot motorna,
terus di gas
ku pulisi, bari
peupeureudeuyan si ADUL
katorekan ku knalpot
motor na.
PULISI “ kumaha
ayeuna, ? “
SI ADUL “ katorekan pa,
ampir teu tiasa
ngadangu “
PULISI “ engke
ganti tah knalpotna,
jeung biasakeun make
helm teh, da
kasalametan teh lain
keur batur keur
maneh “ .
LOMBA JELEMA KUAT
Dina musim AGUSTUSAN,
hal biasa masyarakat
sok ngayakeun lomba,
sagala rupa perlombaan,
ti mulai budak leutik
tepika kolot, aya lomba
panjat pinang, lomba
balap karung, lomba
newak belut, lomba
ngadahar kurupuk, jeung
masih loba jenis
perlombaan, tapi dina
tiap taun jenis
perlombaan asa eta
- eta keneh.
Kadang aya masyarakat
anu ngarasa bosen.
Di desa
GUNUNG SEMBUNG, panitia
agustusan ngayakeun perlombaan pakuat -
kuat, anu daftar
kur aya limaan,
panitia ngayakeun panggung
supaya katinggali ku
masyarakat loba, bari
saengges na perlombaan rek
di ayakeun hiburan
dangdut.
Peserta
kahiji, naek kana
panggung saengggeus di
pangggil ku panitia ,
peserta kahiji ngarana
mbah JUMRO, kakuatan na
nyaeta bisa melengkungkeun beusi
badag, penonton anu
sili sered, salut
ka mbah JUMRO
bari langsung tepuk
tangan.
Peserta kadua nyaeta
SUDIN, kakuatan na
beda jeung nu
kahiji, ieu mah
kuat ngambeuan kelek
batur, penonton sing
peureudeuy U,O da
sebel, kelek batur
di ambeuan.
Peserta nu katilu
ngarana OTONG, manehna
kuat nahan seuri
sing di keleketek
ku sasaha oge,
teu rongret bari
teu daekeun seuri
sakemek- kemek acan.
Peserta kaopat ngarana
ki DEBUS, awak
na kuat, teu
teurak di kadek,
ari panitia panasaran
ki DEBUS di
buka bajuna , ari
pekteh AWAKNA HAPUR
BEUSI, paingan teu
teurak di kadek.
Saeunggeus
peserta ka opat turun,
rada lila teu
aya deui nu
naek, panitia gogorowokan.
PANITIA “ sok
buru saha deui,
peserta anu rek
maju,soalna hadiah na
MUNDING DI TAMBAH
MOBIL TOYOTA “
ngadenge kitu, si
OJAN kabita ku
hadiah na, tapi manehna
bingung da teu
boga kakuatan, akhir
na si OJAN
NEKAD NAEK KANA PANGGUNG
BARI BULUCUN, KABEH
BAJUNA DI ALUNGKEUN. Panitia reuwas
ari penyateh nu
gelo anyar.
PANITIA “ kela -
kela,,,,,, kuring rek
nanya, ari maneh
boga kakuatan naon
bari jeung bulucun
sagala ? “
OJAN “ abdi
mah KUAT KA
ERA “
PANITIA “ SAHA
NAMI ? “
OJAN “ OJAN
KANG, TAPI SOK
DI PANGGGIL BOY “
PANITIA “ JUARA
KAHIJI OJAN,,,,,,BURU TUH
COKOT HADIAH NA
MOMOBILAN JEUNG MUMUNDINGAN
“
OJAN “ DEKAH
TEU RIDO DUNYA
AHERAT, KIEU - KIEU
TEUING MAH , ari penyateh
mobil enyaan “.
CERPEN 14
BIBIR NA AYA
DUA
Sore - sore ATANG
karek balik ti
pagawean, karek oge
ATANG diuk, di tengah
imah ti dapur
pamajikan na anu ngarana
EDOH, bari kukumbahan ngagorowok.
EDOH “ kang,
memeh ka mamana,
cing pang ngomekeun
heula genteng bocor,
bisi kaburu hujan
deui, ke iris , terus keran
di kamar mandi
potong kang, tos
eta pang ngomekeun
heula antene tv,
siganamah tiguling lantaran
gambar na banget
rarunyem, karunya barudak ari
naronton tv teh
teu jelas, terus
eta weh kang
bohlam kamar pegat , geura ganti,
kaluman ari poek
teh, terus
kade hilap kang,
jemuran baju, sukuna
potong, omean heula,
talian - talian
atuh ku kawat
heula.
Kusabab, di imah
loba omeaneun, ATANG
ngarasa kesel, dina
hatena ATANG NGOMEL
“ duuuuh, karek ge
balik gawe, cape
keneh geus loba
pigaweeun di imah,
mana lapar pusing
ah, mening dahar
di warteg “.
Dina keur EDOH
nyorocos, ATANG ngelesed
indit kaluar bari
keketeyepan. Ari EDOH
can beres nyorocosna .
EDOH “ eta
deuih kang, panto
dapur engselna lesot,
mun bisa mah
imah teh hayang
di cet deui ku
warna biru, jiga
imah ceu TINI, meni
alus teh katinggali
nateh meni mencrang.
Pas beres kukumbahan, EDOH
katengah imah colohok
da salakina euweuh,
berarti tatadi the
ngomong sorangan bari
pokna.
EDOH “ ituh
si ontohod kalakah
euweuh, ari urang
ngomong jeung saha
? “ ATANG
geus aya di
WARTEG SOMAD, pas
ATANG beres dahar,
KURUNYUNG OGAH datang
bari langsung mesen
kopi hideung, marnehna
babaturan salembur, terus
weh ngarobrol di
WARTEG SOMAD anu
pelayana rada seksi.
ATANG “ eh
GAH, kamana wae,
asa jarang panggih
? “
OGAH “ ah
loba di imah
kang, maklum lah
sok di setrap
ku pamajikan , can beres
migawe itu, geus
nitah migawe ieu,
hayoooh mun aya
di imah the
sagala di tuduh
keun, ka gagang -
gagang sapu potong
, cocolek potong, terus
taraje lesot, kabeh
nitah di omekeun,
pusing lah cicing
di imah mah.
ATANG “ HOOOOR,
ari penyateh urang
hungkul nu kitu
the, geuning sarua
jeung pamajikan urang,
ngan urang mah
tara saruana meuning
ngelesed we indit
“
OGAH “ urang
ge tara dilayanan
ah, sarua urang
ge mendingan indit
kamanaaa kitu tah, pas
balik teh maneh
na geus hees, pan
aman teu ngampreng
wae “.
ATANG “ enya
nya awewe mah
bongkena bibir na
aya dua, meni BAWEL
“.
NGOMONGKEUN GURU
Poe senen, barudak
smp geus sariap
rek indit ka
sakola smp SUKARAJA,
saperti biasa dina
angkot nungtutan pinuh,
dina angkot geus
aya si YUDI
si ATEK, si UMAR
jeung si ADOT,
teu kungsi lila
naek si AJAT,
kusabab maranehna babaturan
deukeut sakelas, maraneh
na ngobrol meni
genah bari saleuseurian da
ngagogoreng guru, kabeh
barudak hiji oge
euweuh anu engeh, bahwa
guru nu di
omongkeunana aya di
hareup, diuk gigireun
supir. Pak guru
eta ngarana pak
DIMAN nyaeta guru
matematika.
YUDI “ duh
basa poe saptu,
urang mah di
jiwir ceuli kuat
panas ku pa
DIMAN, gara- gara
teu ngerjakeun PR,
“.
ATEK “ ih, eta guru
matematika pikasebelen, urang
mah pernah di
banjur ku cai
paragi kokobok ning
“,
UMAR “ emang eta
pedah naon ? “
ATEK “ ah
teu pira haritateh
pedah urang mabetkeun
kapur, pas kana
panon na, geus
kitu teh ujug
- ujug manyur weh,
atuh urang bucis
buuk, jaba era
ku si ANI “
ADOT “ memang
si bapa eta
mah galak, sautak -
saeutik popolotot, urang
pernah rek di
kepret, urang ngelok
teu beunang ngepret
nateh, tungtung namah urang
di titah kahareup
dib ere soal nu hararese
geuning, aduh didegung
keun sirah aya
20 kali mah.
ATEK “ emang
eta asalna gara-
gara naon “
ADOT “ ah
teu pira masalahna
mah, pedah urang
morosotkeun androk si
IMAS hareupeunnana, maneh
nateh teuing kabita
,teuing kumaha “
AJAT “ urang
mah najis guru
etamah, urang di gaprot
teu pupuguh, ari
anu heureuyna si
NANANG, nyimpen urut
permen karet dina
korsina pas rek
cengkat , lengket meureun urang
karek datang, da
eta manggih milik
DI GELEPOK, pokonamah
nyeri hate urang
mah ku guru
eta mah. Pak DIMAN
anu diuk di
hareup geus elekesekeng hayang
geura nepi, jaba pusing ka
barudak jaba ambek
jaba kesel ngadenge
omongan nana anu
teu eureun - eureun
ngagogoreng manehna.
Akhir na angkot
tepi pas hareupeun
smp SUKARAJA, barudak
sili surung rek
tarurun, ari pas
turun rek mikeun
ongkos, barudak reuwas
jiga ningggali MEONG,
wajah si YUDI
meni pias jiga
mayit, si UMAR
ngahodhod jiga nu
kabulusan,si ADOT tungkul
jiga bueuk meunang
mabuk, atuh si
AJAT ngadak - ngadak
hayang NGOMPOL , komo si
ATEK mah maksakeun
sun tangan bari
peureum bari pokna.
ATEK “ ehh
gening bapa, selamat
pagi pak “
saeunggeus pak DIMAN
turun tina angkot
ngibaskeun leungeuna anu
di sun tangan
ku si ATEK
“.
PAK DIMAN “
wayah na maraneh
nu limaan, engke
kumpul di lapang
upacara, aya hadiahan
ti bapa “
kakarek di omongan
sakitu barudak langsung
jep, jempling bakating
ku sieun sabab
kabeh ngagogoreng pak DIMAN.
Pas keur
jempling si UMAR
ujug – ujug ngagorowok.
UMAR “ KABUUUUR
“ eta barudak
nu opatan jungjleng
lalumpat kalabur.
KUAT IMAN
Poe minggu JOHAN
jeung UDIN ulin
ka tempat renang
SALABINTANA, da alesanna
cenah meungpeung libur
di gawe, JOHAN
jeung UDIN geus
AYA DI TEMPAT
KOLAM RENANG, maranehna
ngarojay siga budak
leutik, meni barungah
pisan. Saengggeus beres
renang, JOHAN jeung
UDIN ngaropi bari
ninggalikeun awewe nu
keur ngarojay, dina
kolam renang awewe,
loba pisan , bari
sareksi jeung rupa -
rupa bentuk. Sabari
ngopi JOHAN jeung UDIN
ngobrol BARI TEU
JAUH KA KOLAM
RENANG .
JOHAN “ DIN,
tinggali nu belah
ditu jajaran kadua,
awewe GEULIS nya “
.bari nelek – nelek panon
UDIN molotot, bari
halis na nyingsat,
nyarita “ .
UDIN “ nu
mana steh JOHAN,
eta nu buuk
na pondok lain,
ahh hideung etamah,
bari bodyna ge jiga
baskom “.
JOHAN “ lain
nu eta, tah,
ngojay ka tukengen
nana, eta barang
MOAL GAGAL, BODY BAHENOL
NERKOM EPLOK CENDOL “ .
UDIN “ eh
HEUEUH ANJIR meni
geulis pisaaan, jigana
etamah PEDO ELOM. Jigana
mun urang boga
pamajikan jiga eta,
REK DI TEUNDEUN
DINA KULKAS, moal
di tenyo - tenyo
ka batur “.
JOHAN “ ngan
DIN, mun awewe alus
mah, meuereun setoranna
oge mahal nya ?
“
UDIN “ atuh puguh
we, da etamah
ka uji tina
rupa na oge, jigana
the ka salon
SPA, PEDIKYUR, MEDIKYUR,
MANDI UAP, LULURAN, ka
kuku - kuku
nage di urus ,
tinggali curuk na meni
lalencop “.
JOHAN “ heueuh saimbang
nya DIN, aya
BARANG ALUS MAHAL
“
UDIN “ atuh
nya heueuh, da duit
mah ngambeu kana
barang alus nyahoen,
tuh nu gigireuna,
eta moal pati
mahal, jaba hideung
jaba busekel jaba
rayud, ah euweuh
pikahayangeun, jaba hirup
deuih “
JOHAN “ mending
deuih mun kitu
hungkul mah, ieumah
keur mah goreng
patut bari goreng
adat, geus awewe
kitu mah bikeun
ka lele keun “.
UDIN “ bikeun
ka lele keun
nateh TALAPUNG KOS
BOLA BULITER “
sajeroning ngobrol UDIN
teu ngiceup -
ngiceup ningggali pingping
awewe tadi anu
mulus tea .
JOHAN “ eh
DIN, enggeus ISTIGPAR,
ulah di teueteup
wae, bisi hayang
keh “
UDIN “ lain
hayang deui, geus
puguh kabita, yuah urang
balik, URANG GE
ARI MASALAH IMAN
MAH KUAT, NGAN
IMIN TEU KUAT,,,,,,,,,DUH AWEWE,,,,DASAR DODOJA
“.
JOHAN “ enggeus
hayu balik , lain
ngutruk wae bisi
hayang - hayang
teuing mah, tuh
knalpot motor urang
HANEUT KENEH.
MANG GOJIN NGASUH
BUDAK
Sore - sore,
mang GOJIN ngasuh
budak na anu
kakara bisa diajar
ngomong, eta budak
ku mang GOJIN
DIGANDONG dibawa nempoan
mobil anu laliwat bari
di ajak ngobrol,
budak lalaki na teh
ngarana UHE ,
bari ngbebenjokeun budak
na mang GOJIN
ngajak ngobrol bari
bahasana di cadel -
cadel keun .
GOJIN “ ali
UHE tos AGEUNG
hoyong janten naon
? “
UHE “ ue
mah hoyong pleman
“.
GOJIN “ HAH, HAYANG
JADI PREMAN , anu leles
uhe “.
UHE “ muun, ue
mah hoyong pleman
kalet, meh tiaca di
tiup ngamelendung “
GOJIN “ oooh
lain PREMAN GEUNING
PEREMEN KARET, enya ayu
ulang mecel capuluh “
mang GOJIN langsung
ka warung bu
NANI meser peremen
karet , pas geus meuli
peremen karet, aya
NU NGALIWAT TUKANG
DUREN, si uhe
haying eta duren
.
UHE “ bapa
ue oyong duwen
“ GOJIN kukulutus.
Bari nanyakeun ka
tukang duren.
GOJIN “ aaahhh
rupa - rupa
budak teh kahayang
na, mang eta
sabarahaan DUREN NA ? “.
TUKANG DUREN “
murah 20 rebuan,
tapi rasana AJIB,
sumpah daek keked,
“.
GOJIN “ geus
we atuh 20
rebu dua ie
budak hayangen pisan
karunya “.
TUKANG DUREN “
atuh sakitu mah
murah teuing mang,
sok lah pokonamah
mun teu amis, kuring daek
di keureut ceuli
sabeulah, asal ULAH
DUA NA NA “.
GOJIN “ kumaha
UHE , bade meser
sabara hiji “
UHE “ MECEL
DUA BAPA, DUWEN NA
ANU IJI DIPUAK,
ANU IJI DEUI
DI TAI AN “
GOJIN “ meli
dua mang, nu
hiji di PURAK
DIDIEU, NU HIJI
DI TALIAN, inget
ka indung na meureun
“ saeunggeus ngadahar
DUREN , UHE di gandong deui
ku mang GOJIN,
tapi beuteung UHE NGADADAK NGULIKBEK
DA WAREG TEUING
NGADAHAR DUREN.
Bari ngarenghik UHE
NYARITA “ bapa
uih yu, ue
mah oyong MOTOY
“
GOJIN “ ah
sok aya -
aya wae, ke
haying MOTOR MAH
UHE geus gede
ku bapa di
pang meserkeun “
UHE “ atuh
bapa ue mah
oyong motoy ayeuna
“ bari di
ajrut – ajrut dina gandongan
nana, GOJIN NYARITA
DEUI BARI NGUPAHAN.
GOJIN “ iiiih,
uhe mah ku
keuekeuh nya, engke
geus gede, hayang
motor naon sok
ku bapa di
pangmeulikeun, hayang motor
NINJA,CBR, BMW, sok motor
naon lah. Pas keur
kitu leungeun GOJIN
anu keur ngagandong
ngarasa baseuh, GOJIN
rada reuwas, buburu
si UHE di
ecagkeun, pas GOJIN
NGAMBEUAN LEUNGEUNA.
GOJIN “ ALLLLLLAAAHHHHH SIAH
JADOL MENI SEUNGIT
KIEU, NA MANEH
TEH UHE, ARI
PENYATEH HAYANG MOTOR
GEUNIIINGAN HAYANG MODOL,,,,,,,,,AAHHH DASAR
BUDAK,,,,,HUUUUH,,,,,PAINGAN
TONGGONG BAPA ASA
HANEUTT “.
SALIWANG
Hiji waktu kang
UCI gering parna,
dirawat di rumah
sakit ASYIFA SUKABUMI,
ari di tungguana
ku pamajikanna anu
ngarana ceu KOYAH.
Pas isuk -
isuk kang UCI hayang goreng
pisang, buru -
buru ku ceu
KOYAH dipangmeulikeun.
Maklum gering baham
kang UCI ngarasa
pait, akhirna pisang
teh teu di
dahar saeutik - eutik
acan. ninggang ka
peuting, kang UCI HESE
sare, matana melong
kana implusan anu
caina ngeclak, sakeclak
- sakeclak, ari ceu
KOYAH tunduh kacida,
da cape ngaladenan
sagala rupa panitah
kang UCI, bari rurat -
reret, kang UCI
nanyakeun.
KANG UCI “ ARI
IMPLUSAN BEAK ?
“ dina kaayaan
anu tunduh banget,
ceu KOYAH reuwas
bari curinghak hudang,
bari lulungu CEU
KOYAH ngajawab .
CEU KOYAH “
hah, naon kang
GORENG PISANG, aya keeneh
“ bara rada
ambek kang UCI
anu teu walakaya
maksakeun ngajorowok.
KANG UCI “
hhhaaahh GORENG PISANG
DEUIH, GORENG MUNDING
“ CEU KOYAH
nga maklum kanu
gering najan goring
adat oge tetep
we salakina, pas
geus kitu KANG
UCI WAKTUNA NGINUM
obat, begitu di
inuman obat ku
ceu KOYAH, KANG
UCI ngomong bari
ngahelas.
KANG UCI “ duh
obat teh paits
“ kadengena ku ceu
KOYAH lain.
CEU KOYAH “ naon
kang, PAIS ,
HOYONG PAIS
NAON ? “
KANG UCI “
PAIT BOLOHO,,,,,,,LAIN PAIS
“
CEU KOYAH “
OOOOHHHH BOLOHO “.
ERA TAPI BEUKI
Keur LEBARAN RAYAGUNG
geus lain mangrupakeun hal
aneh loba jalma
anu kalurban, aya
nu kurban SAPI, KURBAN
DOMBA, sareng pami di
arab mah panginten
kurban ONTA. Di hiji
kampong, anu kurban
nateh mung hiji
dombana, ari nukudu
di bagi loba
pisan, karunya ka panitia
ngatur daging saeuncret
sewang, pas keresek
terakhir, panitia anu ngabagikeun
ngarana si SUKRO,
pas ka imah
kang MOMO, deur we
maraneh na teh
jadi ngobrol kusabab
tugas ngabagikeun geus
beres.
SUKRO “ kang
yeuh daging domba
ngan kabagean
sa eutik sewing,
da nu meuncit
na kur hiji
bari DOMBA NA
OGE LEUTIK DEUIH
PECEKREK “.
MOMO “ ah
keun bae sakieu
oge sukuran, da
akang mah teu
pati kana daging
DOMBA MAH “
SUKRO “ hah,
teu pati,
jadi akang moal
atuh ?, geus
we atuh urang
bikeun ka ma
ISOH da ma
ISOH ge can
kabagean “
MOMO “ maksudna
akang mah teu
pati embung kana
daging DOMBA TEH, paling
oge kitu we
sok sakapeung daek
ngadahar buntut, kitu
ge lamun di
sop “
SUKRO “ ari
sikina akang osok
? “
MOMO “ tah mun
sikina rajeun, kitu
ge mun ku
budak sok di
kerecek satengah asak
tea geuning, tara pati
akang mah kanu lain
- lain namah
“
SUKRO “ ari
daging pingping na
resep teu kang
? “
MOMO “ jarang
akang mah, ari
lain di sate
MARANGGI mah “
SUKRO “ mun
babat, kumaha kang
resep teu ? “.
MOMO “ waaah,
komo deui babat, tara
akang mah, kecuali
mun di tumis
ASAM MANIS, ANU
MAKE ASEM, tah mun
kitu mah akang
sok maksakeun ngadahar
“
SUKRO “ lamun
jeroan kumaha kang,
jiga tamusu akang
resep teu ? “
MOMO “ taaaah
mun eta kakarak
akang resep ,
asal masak na
di GULEI, samarana anu
pas, pasti akang
dahar ngahimbel jeung
nu kitu mah “.
SUKRO “ mun
kulit na kang,
sok di kumaha
tah, akang resep
teu ? “
MOMO “ akang
mah sing
sumpah teu resep
kulit namah, kecuali
mun di jieun
jaket kan lumayan
paragi ka kebon
“
SUKRO “ mun
tanduk na akang
resep teu tah ?
“
MOMO “ saeutik
ge teu resep
kana tanduk namah,
ngan ku sabab
alus di jieun
perah bedog, jadi
weh tiharita akang
resep kana tanduk
DOMBA “.
SUKRO “ ari
kana podol na
banguna teh akang
mah resep oge
nya ? “
MOMO “ wah
maneh mah kabangetan
ari nuding teh,
nu gelo ge
moal resepen kana
podol DOMBA mah,
ngan pas
ku akang di cobaan
di jieun berak
di pake ngaberak
cau, EDAAAN eta alus na
cau teh baradag,
tah tiharita akang
jadi resep kana
podol DOMBA teh “.
SUKRO “ atuh kitu
mah kabeh resep
kana DOMBA TEH,
banguna teh kana
liang na oge
akang mah resep
oge nya ? “
MOMO “ GAGABAH ARI
NGOMONG TEH , TONG
TARIK TEUING BISI
KADENGE KU BATUR ,
AKANG KUR HIJI
NU TEU RESEP
“
SUKRO “ naon
kang ? “
MOMO “ TEU
RESEP DI BERE
SAEUTIK DAGING NA,
BANYOL KETANG SUK,
AYA KENEH MAH
SOK WE BAWA
DEUI KADIEU “.
No comments:
Post a Comment