Friday, September 16, 2016

CARPON

NU GARELO MARAEN BOLA

     Hiji waktu di rumah sakit jiwa CILENDEK BOGOR, kapinuhan pasen pasen jelema garering alias garelo, kusabab kaayaan rumah sakit eta geus pinuh pisan pasena, fihak nu ngurus rumah sakit, mutuskeun supaya sawareh na  eta pasen teh dipindahkeun ka rumah sakit jiwa anu aya di SURABAYA. pasen anu rek di pindah ken ka rumah sakit jiwa SURABAYA teh ,aya saratus urang leuwih, singkatna panitia anu rek ngaberangkatkeun geus sariap.
     Eta kabeh pasen anu garelo teh make seragam anu sarua nyaeta seragam warna beureum ari kahandapan nana warna biru,eta nugarelo teh di giringkeun ku petugas naek kana kapal anu geus siap berangkat. maklum garelo barungah we kabeh, bari teu nyaho rek kamana. bari sili surung kabeh geus naek kana kapal terbang.ari dina awak kapal anu cageur kur dua an ,nu hiji pilot ari nu kadua petugas.eta kabeh pasen nu garelo geus aya dina kapal,maklum garelo,aya nu diiuk ,aya nu gogoleran,aya nu gugulantungan wae, teu kungsi lila kapal berangkat,pung , ngapung ka awang -awang.sa enggues aya sababaraha menit na,di tengah perjalanan, si UDIN ngarasa kesel bari pok nyarita kanu lain na " lain kararesel nya,mani euweuh karamean " nu garelo sing haruleng ngadenge caritaan si UDIN,ari celetuk weh, aya nu ngawakilan mgomong nyaeta ngarana si SOMAD " enya sarua,kuring oge kesel, kumaha atuh mun maen bola" ngadenge kitu kabeh nu garelo teh bungah,bari reang ngajawab " hayuuuu laah setujuuuuuuuu " si UDIN ANU JADI GEGEDUG NA  nyarita," sok lah ayeunamah di bagi dua, urang maen bola na, 50 urang lawan 50 urang. nu sawareh gegedug na nyaeta si SOMAD bari pok na " sok atuh,anu rek miluan ka urang misah,tapi kusabab bajuna sarua,keun bae nu miluan ka urang bajuna di buka,ameh katingali,maklum garelo,nu 50 urang maruka bajuna,sa enggeus nu 50 urang baruligir,ari pok teh nu saurang nungarana si TOBRIN nyarita " ayeuna mah meh adil, kumaha mun pamaen ti si UDIN tong marake calana,jadi katinggali mana musuh mana babaturan " maklum garelo, nu 50 urang setuju bari langsung maruka calana na,atuuuuuuuuuuuh ulad - alid. di tengah anu saribuk maruka calana, si UDIN nyeletuk,HAAAR , ari wasit can aya " bari kabeh luak -lieuk neangan keur wasit,teu kungsi lila nInggali si COMRO anu keur diuk,ku si UDIN ditanya " geus we maneh wasit na " maklum si COMRO gelo,ngajawab " HE GAE KURING JADI WASIT,NGAN KURING MAH HAYANG BULUCUN, LANTARAN AMEH BEDA JEUNG PAMAEN " bari reang eta kabeh nu garelo atoh " baguuuuuuuuuuuus...........sok atulah geura mulai,geus teu kuat yeuh hayang ngasupkeun" sa enggeus si COMRO nyepeng BOLA , lang sung di trit keun ku bahamna,bari BOLA na di gedug keun " priiiiiiiiiiiiiiiiiittttt. maklum kabeh garelo,sa ratus urang maen bola dina kapal anu keur maju,meuni riweuh,sili surung,sili sered,sili siku,tepika kapal jadi oleng.
       Pilot ngarasa reuwas,bari pok na " ieu kapal kunaon jadi oleng kieu,nanya ka petugas anu aya di gigireun nana " cing pang mariksakeu di tukang aya naon,ieu kapal jadi oleng" petugas langsung mariksa ka tukang, pas di pariksa,petugas rada reuwas,bari pok na " hey ,minggeus -minggeus,kehed mah,paingan kapal jadi oleng,da eta maraen bola.bari gogodeg petugas ngomong " abong kena garelo " eta kabeh ku petugas dicaram,eta petugas kesel aya ningali kalakuan nu garelo teh,bari hayang seuri aya,da eta ninggali bobogaan anu balulucun,bari pok deui  " enggeusan maraen bola na ,bisi kana kaca". eta kabeh pasen ngawararo ari di caram na ku petugas mah,sa enggeus nyaram petugas balik deui ka hareup.
       Ari geus kitu, si UDIN ngarasa teu ngeunah,bari pok na " duuuuuh, keur rame - rame di caram,geus we ayeunamah maen bola na urang pindah ka luar " maklum garelo,eta kabeh ngahayuken kana pangajak si UDIN,bari nyarita " hayuuuuu, bener maen bola na mending di luar meh lalega" teu kungsi lila SI UDIN  NGABALAKAN ngajol tina kapal,bari sili surung di taluturken ku nulain na,kabeh ngarajol tina kapal, DA CENAH AREK MARAEN BOLA DI LUAR,ha ha haaaaaaaaaaaaaa.

No comments:

Post a Comment