Saturday, September 10, 2016

carpon sunda

TUKANG ANGON MEUNANG BERKAH.
     ' Heuyah,,,,,,,,,,heuyah,,,,,,,,,heus,,,,,, alaaaah eta maneh ulah kadinya , hey " pok si DUDU bari ngacung - ngacung pecut. jam salapan isuk si DUDU ges mangkat ngangon munding ka tengah kebon, bari di giring - giring eta munding anu kabeh na aya sapuluh. eta munding kabehan nana mencar di kebon anu harejo jukut na, bari lumpat kaditu kadie si DUDU kawalahan ngangon munding anu ngencar, si DUDU bari keuhel ongkoh ningali munding na anu teu ngawararo, bari pok si DUDU " huuuuuuuh sia mah bongkena sato, aya ku teu ngalalarti nya, ulah mencar atuuuuuh, geus didieu kabehan nana.panon poe geus rada tarik panas na, te pika rairai si DUDU geuneuk da kapanasan, geus puguh ari kesang mah, te pika baseuh kana kelek kelek.
        geus rada beurang,beuteung si DUDU geus karasa ngerebek, lapar, tapi si DUDU tara poho ari kana mawa bekel timbel mah jeng cai sabotol, anu botol na urut aqua tea.ari bekel timbel na tara anaeh, biasa we jeung beuleum peda make sambel tarasi anu medok bari lada.si DUDU  luak lieuk neangan tempat anu iyuh, pikeun ngiuhan bari rek sakalian dahar heula. ari pek si DUDU ninggali tangkal alpuket anu jangkung tur leubeut buah na, teu loba dedengean si DUDU langsung nyamperkeun tangkal alpuket ete.kedepruk si DUDU  langsung diuk, bari bray di buka timbel anu jeung peda tea.
        Bari nyarande kana tangkal, si DUDU ngarasa nikmat pisan eta dahar na, da bari di tiupan angin anu ngahiliwir, beres dahar si DUDU  nyangunjar bri teurab " euuuuuuu " makin lila angin makin genaheun, tuluy si DUDU nyangkere bari ngipasan dada na aru hareudang, teu kungsi lila panon si DUDU meletet, bari saeutik - saeutik di peureum keun,ari leSSSSSSS teh si DUDU kasarean , bakating ku genah sare na bari kerek sagala " wer,,,,,,,,peus,,,,,,werrrrrrrrr,,,,,,,,,peus, '' aya kana dua jam na si DUDU can hudang,teu kungsi lila aya angin rada gede ngalelebug, bari ngagelebug na kana tangkaal alpuket eta,ari koleaaaaang teh alpuket aya nu murag, murag pas kana beugeut si dudu,BUKK,si DUDU bari reuwas ngorejat hudang , pok na " walah siah gebleg, saha nu mabet beunguet aing nya ??? bari kukulutus si DUDU ngalieuk ka luhur tangkal,bari sadar maneh na ge ngomong " ohhhhhhhhh alpuket murag ku angin " si DUDU karek inget bahwa maneh na keur ngangon munding , bari lumpat ,pok si DUDU  " walah siah munding aing, kamarana ???? " langsung si DUDU nyampeurken munding - munding na anu keur di angon, eta munding kabeh darepa, da geus sareubeuh nyatuan jukutna.bari di tunjukan,eta munding ku si DUDU di itung bari pokna " taaaaahh kitu atuh ,alus darepa lain kamana mendi,hiji, duuuuua,tiiilu,ooopat,liiiiiima, geunep,ngeser atuh ka dinya, pan maneh teh keur di itung,tadi karek geunep, tujuh, dalaaaaaapan,awas,,,, awaaaaaas,,,,,salaaappaan.walah siah kamana hiji deui munding aing," si DUDU naghuleng bari reuwas da munding na euweu hiji,bari pok deui si DUDU " IDIH,na kamaana atuh hiji deui " bari si DUDU ngaleupaskeun titingalian nana kanu jauh bari luak lieuk, tapi aneh teu ka tempo. si DUDU makin reuwas,bari pok na " walaaaah siah boa - boa aya nu maok " si DUDU panasaran, bari pok " cing sugan urang tinggali tina luhur tangkal,sugan katinggali ari ti luhur mah " teu kungsi lila si DUDU naek kana tangkal alpuket anu tadi. di luhur tangkal alpuket si DUDU ninggalian ka ditu kadie, tapi angger teu ka tinggali.
         Si DUDU di luhur tangkal ,da panasaran hayang kapanggih dei munding na,bari rada sedih si DUDU ngahuleng. teu kungsi lila di handap aya dua remaja keu bobogohan, kang DADANG sareng nyi IMAS, ma' lumari anu keur bobogohan , sing di keboo oge iiiiiiiinnnnnnnddaah we.kang DADANG ngarayu bari pok " eh nyai , akang mah hoyong naros ka nyai teh " bari kang DADANG nyiwit alit ka nyi IMAS.ari nyi IMAS ngawaler bari uman -imen rada semu era.bari pok nyi IMAS " OOOH  muhun atuh kang bade naros naon " bari dua nana langsung brek caralik dina handapen tangkal alpuket,anu di luhur na aya si DUDU.ngadenge di handap aya nu keur bobogohan si DUDU ngadedempes bari ngadengekeun tur bari ngintip.
          Kang DADANG pok deui " ari nyai ciiiiiiiiiiiinta henteu ka akang ????? " nyi imas ngawaler " atuh kantenan we akang teh " kang DADANG panasaran bari pok " upami kitu mah,akang hoyong buktos nyai cinta ka akang " bari kang DADANG nyarande kana tak -tak nyi imas.sau nyi IMAS "hoyong buktos naon atuh akang teh ???? " bari rada tungkul kang DADANG nyarita " mun leres - leres nyai cinta ka akang,akang hoyong ninggal TAENNNNNN nyai nya ?bari semu getek nyi imas ngawaler mesra " atuh mangga wae kang teh,ku akang we porosot keun nana.bari lalaunan lancingan trening nyi IMAS diporosotkeun ku kang DADANG, ari BRAAAAAAAAY,,,,,,,,,,,   TEEEEH ,kang DADANG BUNGAH  SATENGAH EDAN.bari pok kang DADANG nyarita," ADUHAAAI MENIKA INDAAAAH PISAN, SAGALA RUPI OGE TI DIEU MAH KATINGGALI NYAI.ti luhur ka tinggali ku si DUDU bari kadenge,bari teu loba dedengean si DUDU ngagorowok ti luhur, " KAAAANG," kang DADANG reuwas bari ngalieuk ka luhur samaruk na euweuh jelema diluhur tangkal,si DUDU langsung nanyakeun " KANG,,,,,,,,,ARI ,,, MUNDING ,,, ABDI ,,,,KATINGGALI TEUUUU........???????kang DADANG bari ambek ngajawab " ari maaaaaaaaaaaaanneeh, nanya munding ka urang." kang DADANG bari tanggah,si DUDU pok deui " saneeees, tadi saur akang cnah sagala rupi oge katinggali ti dinya mah,hhhaaaaaaaaahhhhhhaaaaa

No comments:

Post a Comment